NAHA ENYA DI SAWARGA TÉH AYA “WIDADARI” ?
k u
IRFAN ANSHORY
DINA Kitab Suci Al-Qur’an aya dawuhan anu tétéla ti Gusti Nu Maha Asih yén jalmi-jalmi anu ariman tur ngalampahkeun amal soléh engké di sawarga baris dipaparin azwaajun muthahharah (Al-Baqarah 25; Ali Imran 15; An-Nisa’ 57) atanapi huurun `iin (Ad-Dukhan 54; Ath-Thur 20; Al-Waqi`ah 22). Panginten ku margi seuseueurna anu napsirkeun Al-Qur’an téh pameget, atuh dina tapsir-tapsir azwaajun muthahharah sering dihartikeun “bojo-bojo anu saruci”. Boa-boa ku sabab kapangaruhan dongéng karuhun yén Arjuna cenah kantos nikah sareng widadari di sawargaloka atanapi Jaka Tarub kungsi maok kekemben widadari ti kayangan anu lungsur mandi ka bumi, nu mawi seueur jurutapsir Al-Qur’an anu ngahartikeun huurun `iin janten “widadari”.
Padahal istilah azwaaj (plural tina zawj) dina Al-Qur’an mah henteu salawasna mibanda harti “bojo”. Éta istilah téh tiasa ogé hartina “carogé”, “pasangan” atanapi “kumpulan”, gumantung kana kontéks masalahna. Diétang-étang, aya 70 ayat Al-Qur’an anu ngagunakeun kecap zawj atanapi azwaaj tur sagala rupi dérivasina (kecap turunanana). Dina 41 ayat éta kecap téh hartina “pasangan”, dina 22 ayat hartina “bojo”, dina tilu ayat hartina “carogé”, tur dina opat ayat hartina “kumpulan”. Mangga urang papay hiji-hiji supados écés hartina zawj téh.
Kecap zawj sareng dérivasina kedah dihartikeun “pasangan” dina Al-Baqarah 25, 102; Ali Imran 15; An-Nisa’ 1, 57; Al-An`am 143; At-Taubah 24, Hud 40; Ar-Ra`d 3, 23; An-Nahl 72; Thaha 53; Al-Hajj 5; Al-Mu’minun 6, 27; An-Nur 6; Al-Furqan 74; Asy-Syu`ara’ 7; Ar-Rum 21; Luqman 10; Fathir 11; Yasin 36, 56; Ash-Shaffat 22; Az-Zumar 6; Al-Mu’min 8; Asy-Syura 11, 50; Az-Zukhruf 12, 70; Ad-Dukhan 54; Qaf 7; Adz-Dzariyat 49; Ath-Thur 20; An-Najm 45; Ar-Rahman 52; At-Taghabun 14; Al-Ma`arij 30; Al-Qiyamah 39; An-Naba’ 8, tur At-Takwir 7. Dina ieu arayat, kecap zawj sareng dérivasina miboga harti pasangan carogé-bojo atanapi pasangan anu taya patalina kana manusa.
Kecap zawj sareng dérivasina anu hartina “bojo” mung kapendak dina Al-Baqarah 35, 234, 240; An-Nisa’ 12, 20; Al-An`am 139; Al-A`raf 19; Ar-Ra`d 38; Thaha 117; Al-Anbiya’ 90; Asy-Syu`ara’ 166; Al-Ahzab 4, 6, 28, 37, 50, 53, 59; Al-Mumtahanah 11, tur At-Tahrim 1, 3, 5. Malahan aya tilu ayat Al-Qur’an ngagunakeun kecap zawj sareng dérivasina anu sihoréng hartina “carogé”, nyaéta Al-Baqarah 230, 232, tur Al-Mujadilah 1. Teras aya opat ayat Al-Qur’an ngagunakeun zawj sareng dérivasina dina harti “kumpulan” anu taya patalina kana jénder, nyaéta Al-Hijr 88, Thaha 131, Shad 58, tur Al-Waqi`ah 7.
Kecap huur, anu sering dihartikeun “widadari” téa, mangrupi kecap turunan tina tilu hurup dasar ha-waw-ra anu hartina “réncang dalit”. Éta istilah tiasa dilarapkeun ka sadaya jénder, boh ka pameget boh ka istri, teu aya patali-patali acan sareng konsép “widadari” anu kawitna tina budaya Hindu. Tina tilu hurup dasar ha-waw-ra, medal kecap huur, hawarii tur huwaar, anu miboga harti “réncang”. Réréncangan Nabi Isa Al-Masih a.s. anu dua welas jumlahna tur sadayana pameget apan disebatna ogé hawariyyuun dina Ali Imran 52, Al-Ma’idah 112 tur Ash-Shaff 14. Dérivasi anu séjén tina ha-waw-ra nyaéta kecap yuhaawiru (“cacarios ka réncang”) dina Al-Kahf 34, tur kecap tahaawura (“diskusi sareng réncang”) dina Al-Mujadilah 1. Mangkaning lalawora pisan upami urang narjamahkeun huur janten “widadari”, kawas sawarga téh mung kanggo pameget wungkul. Atuh panginten seueur engké wanoja anu ngadoni pararotés, ngaraos yén Gusti téh henteu adil (henteu nyayagikeun “widadara” atuh da!), padahal anu henteu leres mah tarjamahan sareng pihartieunana.
Ku margi numutkeun An-Nisa’ 124, An-Nahl 97 tur Al-Mu’min 40 kani’matan sawarga téh baris dipaparinkeun kanggo pameget sareng istri anu ariman tur ngalampahkeun amal soléh, nu mawi azwaajun muthahharah dina Al-Baqarah 25, Ali Imran 15 tur An-Nisa’ 57 ku urang kedah dihartikeun “pasangan-pasangan anu saruci”. Tarjamahan tina wa zawwajnaahum bi huurin `iin dina Ad-Dukhan 54 tur Ath-Thur 20 sanés “Dan Kami berikan kepada meréka bidadari” cara dina Al-Qur’an dan Terjemahnya ti Departemén Agama, nanging leresna mah “Dan Kami pasangkan meréka dengan teman setia.” Janten boh ka pameget boh ka istri Allah nyayagikeun éta huur téh!
Salajengna kedah diémutan yén sagala rupi kani’matan sawarga anu ditétélakeun ku Gusti dina Al-Qur’an teu kénging ku urang téh disamikeun sareng kani’matan duniawi ayeuna. Komo kacida naifna upami urang ngabayangkeun azwaaj (“pasangan”) atanapi huur (“réncang dalit”) kana mahluk anu sénsual tuluy dihubungkeun sareng birahi duniawi. Sigana di ahérat engké teu aya deui napsu dunya mah.
Istilah anu seueur dianggo dina Al-Qur’an pikeun nyebatkeun “sawarga” téh nyaéta jannah (katut pluralna jannaat), anu harti harpiahna mah “taman”. Aya 135 kali kecap jannah téh disebatkeun ku Gusti. Di antawisna aya sawelas ayat anu nyebatkeun Jannaatu `Adn (Gardens of Eden, ceuk urang Inggris mah) atanapi “Taman Kabagjaan”, nyaéta At-Taubah 72, Ar-Ra`d 23, An-Nahl 31, Al-Kahf 31, Maryam 61, Thaha 76, Fathir 33, Shad 50, Al-Mu’min 8, Ash-Shaff 12, tur Al-Bayyinah 8. Istilah anu lianna nyaéta firdaus téa (anu diinggriskeun janten paradise), dianggona dua kali, dina Al-Kahf 107 sareng Al-Mu’minun 11. Hakékat kani’matan jannah atanapi firdaus téh tangtos teu tiasa kahontal ku basana manusa. Upami Gusti nétélakeun kaayaan sawarga, éta téh supados urang tiasa ngabayangkeun kani’matan sawarga ukur kamampuh urang, padahal saéstuna mah kani’matan sawarga téh langkung ageung manan anu dicarioskeun dina Al-Qur’an.
Dina At-Taubah 72 Allah ngadawuh kieu: “Allah ngajangjikeun pikeun jalma-jalma anu ariman, boh pameget boh istri, taman-taman sawarga anu di handapna cur-cor ngalir walungan-walungan. Maranéhna langgeng di dinya téh, dina bumi-bumi anu éndah di Taman Kabagjaan. Saéstuna karido ti Allah téh langkung ageung deui! Éta téh kamenangan anu agung”. Sanajan kani’matan sawarga téh kacida ageungna, aya deuih geuningan kani’matan anu langkung ageung manan sawarga, nyaéta karido ti Allah. Ku kituna, kedahna mah oriéntasi sagala aktivitasna jalmi-jalmi anu ariman téh nyaéta mardhaatil-Laah (karido ti Gusti) anu disebatkeun dina Al-Baqarah 207. Hubungan aranjeunna sareng Allah parantos nincak kana hubungan cinta (hubb) anu kaunggel dina Al-Ma’idah 54: yuhibbuhum wa yuhibbuunah (“Anjeunna cinta ka maranéhna sarta maranéhna ogé cinta ka Anjeunna”).
Tah, éta anu saleresna jalmi-jalmi tarakwa atanapi muttaqiin téh, nu disebatkeun dina Al-Lail 18-21: “jalma-jalma anu nandonkeun naon baé anu dipiboga pikeun nyucikeun jiwana, sanés ku sabab males budi ka jalma anu masihan ni’mat, nanging anu dipiharepna téh mung karido ti Pangéranna Nu Maha Luhung, jeung saenyana engké aranjeunna dipirido”. Mugi urang sadaya kagolongkeun kana ieu réngréngan, anu dina Dinten Pangétangan (yaum al-hisab) engké baris disauran ku Gusti ngalangkungan kalimah anu kacida éndahna, nu ditétélakeun dina Al-Fajr 27-30: “Yeuh jiwa anu tingtrim (muthma’innah), geura mulang anjeun ka Pangéran anjeun kalayan rido tur dipirido. Mangga lebet ka golongan anu kumawula ka Simkuring, tur lebet ka sawargana Simkuring.”***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar