Laman

5/03/2009

Jalmi Munapek

Beunget nyanghareup hate mungkir lisan teu sami sinareng hate, amal jiga sae padahal awon eta ungkapan anu pantes kanggo jalmi-jalmi munapek

DINA ayat-ayat awal Quran Surat Al-Baqoroh (1-8), Alloh SWT maparin gambaran yén sayaktosna dina kahirupan di dunya téh aya tilu golongan Jalmi anu nangtoskeun sikepna kana bebeneran, nyaéta mumin, kafir, jeung munapék.

Golongan kahiji diécéskeun dina tilu ayat (ayat 3, 4 sinareng 5); golongan kadua dijelaskeun dina dua ayat (ayat 6 jeung 7); sareng golongan katilu diécéskeun dina tilu welas ayat (ayat 8 dugika 20). Masih seuur keneh ayat-ayat dina Al-Quran anu ngécéskeun ngeunaan ciri-ciri tilu golongan manusa kasebat.
Jalmi munapék nyaéta jalmi nu nyobi-nyobi nyumputkeun kakafiranana. Marantena pura-pura iman, batinna kafir, tapi sacara lahiriyah marantena mintonkeun kaimanan. Kalintang pentingna urang apal kana ayana golongan munapék ieu, demi aranjeuna tiasa janten jalmi anu langkung ageung bahayana batan golongan kafir. Disangki sapertos jalmi nu deuheus atawa batur saperjuangan, padahal marantena satékah polah nubles ti jero.

Dina ngayonan marantena jelas langkung hésé, demi marantena dina pameunteun umat Islam awam masih dianggap mumin, padahal leuwih rongkah bahayana upami dibanding jeung jalmi nu bruk-brak ngangken kapir. Kalintang rongkah bahaya jalmi munapék anu aya disabudereun urang, dugika Alloh maparin pangéling leuwih lega dibanding nalika ngajelaskeun ciciren jalmi mumin atawa kafir.

Kalintang héséna urang pikeun nguningakeun kana ayana golongan munapék demi katiasa jalmi mah mung dina hambalan anu johir, nembrak sapertos ucapan, sikep sareng laku lampahna. Sedengkeun kana perkawis anu nyangkaruk dina haté urang hamo tiasa uninga sok sanaos urang langkung deuheus hubunganana sareng maranteuna..

Jalaran kirangna Jalmi, nya Alloh SWT kalayan sifat Rohman katut Rohim-Na ngajelaskeun ka urang ciciren jalmi munapék, sangkan urang tiasa ngamahamkeun tur ati-ati ka marantena. Alloh SWT mukakeun panutup ka urang ngeunaan ciciren marantena (QS. 2 : 8). Dina ieu ayat ditegeskeun yén golongan munapék mah teu segan-segan pikeun ngaku iman sok sanaos haténa tebih patojaiyah sareng anu dicarioskeunnana.

Munapék éta kabagi kana dua hambalan, nyaéta munapék dina akidah sareng muamalah. Munapék dina akidah kagolongkeun munapék gerot, nu ngajanteunkeun hiji jalmi parantos kaluar tina beungkeutan Islam (kafir) ku pura-pura iman, nyebatkeun ku lameyna mumin padahal haténa kafir. Sedengkeun munapék muamalah mah digolongkeun kana munapék alit anu teu matak ngagugurkeun akidah tapi kalebet kana dosa ageung.

Hakékatna jalmi anu paling sangsara hirupna di dunya sinareng di akhérat éta golongan jalma munapék, margi marantena ngagaduhan dua kapribadian. Dina pameunteun jalmi iman marantena saolah-olah mumin, di golongan kapir maranéhna dianggap wargina. Di dunya dosa jeung ma’siat anu dilakukeun ku marantena masih tiasa disamunikeun, tapi di akhérat jaga sadayana laku lampahna bakal dibokérkeun lain ukur ka dirina tapi ogé ka sakumna manusa, kajabi dosa jeung ma’siat anu parantos dihapunteun (QS. Al-Fushshilat : 0-21).

Dua sikep atanapi kapribadian ieu ngarupikeun ciri kahiji golongan munapék anu ku Alloh disaurkeun. Sedeng ciri kadua tiasa diaos dina QS 2:9. Ku sikep midua ieu maranteuna ngamaksad bade nipu Alloh jeung jalmi nu ariman. Ieu ayat nuduhkeun kacida pisan bodo jeung ceuleupeungna pola pikir maranéhna, naha mungkin tiasa nipu Alloh?

Upami sareng sasama mahluk atanapi jalmi mumin masih dimungkinkeun tiasa ditipu sareng dibobodo, tapi Alloh Anu Maha Uninga malah rék ditipu ogé. Ieu sarua jeung nipu diri sorangan. Kacida ceuleupeungna sikep golongan munapék.

Dina ayat sanes, nyaéta surat Muhammad ayat 30, Alloh maparin jangji ka jalmi nu ariman pikeun ngabolekérkeun kamunapékan jalma munapék. Dina ayat di tadi (QS. Muhammad : 30) diisaratkeun yén jalmi munapék mah sering ngedalkeun ucapan anu genah kana manah tur tiis kana ceuli anu lebetna ngandung maksad jahat nu ngarugikeun perjoangan Rosululloh SAW. Nya Alloh mukakeun rusiah marantena anu buruk tadi. Ciciren marantena tiasa ditinggal diantawis tina pameunteu wajah jeung lésan nu heurasna.

Pon kitu deui dina ayat sanesna Alloh nembrakeun kamunapékan jalmi-jalmi munapék, sakumaha anu kaunggel dina Surat Al-Munafiqun:1. Alloh ngandika: Upama jalma-jalma munapék daratang ka hidep, maranéhna bakal nyarita, “Kaula saréréa nyakséni yén andika téh Rosul Alloh”, padahal Alloh uninga yén hidep téh (Muhammad) bener-bener Rosul-Na, jeung Alloh nyakséni yén jalma munapék téh jalma anu enya-enya barohong.

Alloh midangkeun ciri golongan jalmi munapék ieu dina énggoning nyalametkeun jalmi nu ariman, demi upami teu aya pituduh ti Mantenna urang bakal hésé pikeun nganyahokeun kaayaan jalma munapék tadi. Maranéhna ngahalalkeun sagala cara, bisa pura-pura ibadah saperti anu dilakukeun ku urang. (Disadur tina lembar kajian Syakhshiyah Islamiyah FUUI/ Alma’/BD).*

Tidak ada komentar:

Posting Komentar