Laman

4/28/2009

Inti Ajaran Islam

dina hiji dinten umar sinareng para sahabat nu snes calik sasarengan sareng baginda Rasul saw. teras kalayan teudiduga-duga sumping di payuneun anu nuju ngarempel hiji jalmi anu nganggo anggoan bodas. rambutna hideung sareng teu katinggal tanda-tanda tilas mapah. teu aya hiji jalmi oge anu kenal ka manteuna. manteuna langsung calik kalayan mayun ka junjunan Rasul saw. kadua sampeannana nyapit kana dua sampean rasulullah tina kadua dampal tampah panangannana di simpen dina luhureun paha Rasul kalayan cucumarios. Ya muhammad, pasihan terang simkuring naon ari Islam, lajeng Rasul ngawaler, Islam nyaeta bersyahadatyen sayaktosna teuaya dei pangeran anging Allah sinareng Muhammad Rasulullah, ngadegkeun Shalat, nyumponan zakat, saum di bulan Rhamadhan, sinareng ngerjakeun Haji upami mampu. salajengna anjeuna naros deui, ayeuna pasihan terang simkuring ngeunaan Iman, Rasulullah ngawaler. iman ka Allah, malaikat-malaikat, kitab-kitab Allah, rasul-rasul Allah, dintentenan akhir, sinateng iman kana Qodar sae sinareng awona. jalmi eta teras cucumarios, Leres.
ayeuna pasihan terang ngeunaan ihsan. Rasulullah nyarios. Ibadah ka Allah saolah-olah anjeun ningali Allah. sok sanaos anjeun teu ninggal Allah. margi sayaktosna Allah ninggal ka anjeun. mantena naros deui, pasihan terang sikuring ngeunaan Ass’sh(Azab kiamat) rasulullah ngawaler. anu ditaroskeun henteu lanhkung unina timanten anu naros. salajengna anjeuna naros deui, pasihan terang kumaha tanda-tandana. rasul ngawaler salasawios budak istri ngbabarkeun nyonya besarna.
Jalmi-jalmi teunganggo sendal, satengah buligir, malarat sinareng tukangnganggon onta masing-masing kalayan lombangabangun gedung-gedung bertingkat. salajengna jalmi ete ical tina paninggal soca. lajeng kanjeng rosul naros ka Umar, hai Umar, naha anjeun apal saha anu tumaros tadi? lajeng umar ngawaler. Allah sinareng Rasulna anu unina. rasul lajeng dadawuh eta nyaeta jibril sumping kanggo ngawulang agama kanggo araranjeun. (HR.Muslim)

a. Rukun Imana 6 Perkara

Iman nyaeta kayakinan ati sanubari kalayan di lajeungkeun ku amal kana 6 perkawis, Islam yaeta poko-poko ibadah anu waji ku sadayana di pidamel. Ikhsan nyaeta mangrupi cara nyakeutkeun diri urang ka Allah.

saupami teuaya Iman sadayana amal sae mangka bakal sia-sia. moal aya ganjaran kanggo di akherat ngke.

Sinareng jalmi-jalmi kafir amal-amal maranteuna nyaeta laksana fatamorgana dina taneuh anu datar, anu disangki cai ku jalmi-jalmi anu dahaga, saupami di sumpingan cai eta maka anjeuna bakal moal kenging naon-naon. (An-Nuur :39)

Jalmi-jalmi anu kafir ka pangerannana, amal-amal maranteuna nyaeta sapertos lebu anu ditiup angin kalayan tarik dina hiji dinten kalayan angin anu ngagelebug. maranteuna moal tiasa nyandak manfaat sakedik oge tina naon anu parantos maranteuna ngusahakeun di dunia. anu sapertos kituteh nyaeta kasesatan kalayan jauh. (Ibrahim : 18)

iman iyeu kedah dilandasan elmu anu mantep sayogina uarang tiasa ngajelaskeun ka jalmi anu sanes. sanes mung saukur taqlid atanapi ngingiring wungkul.

sakumaha hadits anu kaunggel tadi, rukun iman aya 6 anu kahiji Iman ka Allah. hartosna urang kedah yakin ayana Allah sinareng teuaya pangeran anging Allah.
rukun Iman anu kadua nyaeta iman ka malaikat-malaikat Allah. urang sadayana kedah yakin yen sayaktosna malaikat nyaeta hamba Allah anu patuh kana parentahan Allah.
rukun Iman anu katilu nyaeta iaman kana kitab-kitab Allah, urang kedah yakinyen sayaktosna Allah parantos nurunkeun Taurat ka nabi Musa, Zabur ka nabi Daud, Injil ka Nabi Isa. sinareng Al-Quran ka nabi Muhammad. tapi urang sadaya kedah yakin yen sayaktosna kitab suci anu tadi di sebat parantos dirobih ku jalmi-jalmi dugika Allah nurunkeun Al-Quran anu dijagi kasuciannana. anu janteun padoman dugika dinteunan kiamat.

Maka kacilakaan anu ageung kanggo jalmi-jalmi anu nyerat Al Kitab kalayan panangan anjeuna nyalira. lajeung di carioskeun; Iyeu ti Allah” kalayan maksad kenging kauntungan anu saalit kalayan padamelan eta. margi kacilakaan anu ageung kanggo aranjeuna. akibat naon anu diserat kalayan panangan anjeuna nyalira. sinareng kacilakaan anu ageung kanggo aranjeuna, akibat naon anu ku anjeuna midamel. (Al Baqarah :79)

urang sadayana kedah yakin kana leresna Al-Quran sinareng ngamalkeunnana.
“ Kitab Al-Quran iyeu moal aya kamang-mangannana, pituduh kanggo aranjeuna anu tararaqwa (Al baqarah :2)

Rukun Iman anu kaopat nyarta Iman ka Rasul-rasul Allah.
margi ajaran nabi nabi anu sateuacana parantos dirubah umatna, urang kedah yakun sayaktosna nabi muhammad nyaeta nabi anu terakhir anu kedah ngiring kana ajarannana.
Muhammad sanes rama ti salahsawios pameget diantawis araranjeun, tapi manteuna nyaeta Rasulullah sinareng panutup nabi-nabi. (Al-Ahzab:40)

Rukun Iman anu kalima nyaeta iman kana dinteunan akhir (Kiamat/Akhirat). urang sadayana kedah yakin sayaktosna dunya iyeu pana. hiji waktos bakal tiba dinteunan kiamat. dina waktos eta jalmi-jalmi bakal dihisab.

Rukun Iman anu kagenep nyaeta percaya kana Taqdir/qadar anu sae atanapi anu awon. sok sanaos jalmi wajib usaha sinareng ngadua, tapi sok sanaos naon wae hasilna urang kedah nampi kalayan syukur yen sayaktosna eta mangrupi taqdir Allah.

b. Rukun Islam 5 Perkawis

1. Syahadat
2. Shalat
3. Zakat
4. Puasa
5. Munggah haji

c. Ihsan nyakeutkeun Diri ka Allah

upami ihsan nyaeta supados urang tiasa khusyuk dina ibadah ka Allah. urang ibadah sapertos ninggal Allah, urang kedah yakin sayaktosna Allah maha ninggal ka saban umatna … Inallaha samiun alim….

Istri sinareng ciri-ciri dinten kiamat

Istri sinareng ciri-ciri dinten kiamat

Istri sinareng Ciri-ciri Kiamat
Allah swt, parantos ngagambarkeun ka urang sadayana, yen sayaktosna kahirupan di dunya mung sakadar kaulinan wungkul sinareng ngan sakadar sempal kapiguyon wungkul sakumaha dina firman Allah, sareng diantara kahirupan di dunia iyeu sajabi ti kaulinan sinareng sempal kapiguyon wungkul, sinareng leres kampong akherat nyeta langkung sae pikeun jalmi-jalmi anu taqwa. Margi kitu naha anjeun henteu mikafaham. (QS.6:32)

Sakumaha Allah SWT parantos ngagambarkeun ka urang sadayana yen sayaktosna kahirupan iyeuteh nyaeta fana sinareng henteu abadi. Hiji perkawis anu fana berarti henteu abadi ayana. Anu ngagaduhan masa laku wungkul. Anu bakal diakhiran kalayan ka icalan. Perkawis naha iraha kahirupan iyeu bakal diakhiran. Mung Allah swt nyalira anu unina. Tapi Allah Swt parantos masihan sinyal-sinyal atanapi ciri wanci dinteunan kiyamat eta bakal nyumpingan ka urang sadayana. Mung urang sadayana kantun ngantos kana dinteunannana.

Rasulullah Saw. Parantos ngagambarkeun kanu janteun umatna kayaan dugina kana dintenan kiamat. Seeur pisan hadits-hadits anu ngajelaskeu kaayaan eta, salah sawiosna tina sakitu seeurna hadits di tujukeun ka kaum hawa diantawisna

Rasulullah Saw dadawuh, sayaktosna diantara tanda-tanda bakal sumpingna dintenan kiamat nyaeta: diangkatna elmu, nyebarna kabodoan, ngarajalelana perzinahan, ngarajalelana khamar, saalitna jumlah pameget, seeurna jumlah istri, dugika limapuluh istri di pimpin ku hiji pameget. (HR.Bukhari)

Rasulullah Saw. Dadawuh, Anjeun bakal ninggal hiji pameget di tuturkeun ku opatpuluh istri, anu teuaya sanes hal iyeu kumargi ku saalitna jumlah pameget sinareng seeurna jumlah istri.”(HR.Bukhari)

Oge dina riwayat anu sanes disebatkeun dina wktos rasulullah saw ditaros ku malaikat ngeunaan iraha kajantenan kiamat, manteuna ngawaler, naha henteu anuditaros langkung paos daripada anu naros. Salajengna rasul nyebatkeun sababaraha alamat dinteun kiamat. Nyaeta: budak istri anu ngalahirkeun juragannana sinareng jalmi kalawan megah-megahan dina ngawangun.
Sababaraha hadits anu disebatkeun tadi ngagambarkeun ka urangsadaya ngeunaan kaayaan kaum istri dina akhir zaman. Lajeng anu janteun pertarosan sinareng anu kedah di emut kanu janteun kaum istri nyaeta: parantos katinggal kayaan-kayaan anu parantos rasul gambarkeun mangga urang unggel sababaraha perkawis fenomena anu aya dina iyeu zaman.

Dina hiji majalah The Economist” edisi janwari 2007 disebatkeun yen sayaktosna Negara anu paling seeur populasi istri, dimana hiji pamegeut babandingan sinareng 100 istri nyaeta:

1. Uni Emirat Arab 214 pameget per saratus istri
2. Qatar 206
3. Kwait 150
4. Bahrain 132
5. Omqn128
6. Arab Saudi
7.
Aya oge pameugeut anu populasina kirang langkung hiji berbanding saratus istri nyaeta:
1. Latvia 84 pamegeut 100 istri
2. Estonia 85
3. Ukraine 85
4. Armenia 87
5. Lesotho 87
6. Lithuania 87
7. Rusia 87


Kalian ngabuktoskeun sayaktosna jumlah populasi istri dugi ka danget ieu langkung seur ti manten pamegeut dugikeun ka sadayana nagara jumlah istri langkung seur ti manten pamegeut. Hasil sensus nunjukeun sayaktosna hadits nabi saw. Anu aya hubungannan ciciren kiamat tos katingal pisan buktosna dina danget ayeuna.

Mangga urang talumpik deui realitas anu seleresna kanggo jaman ayeuna sapartosna freesex ( perzinahan) tos mangrupikeun hal nu lumrah . dugikeun dina artikel barat perzinahan mangrupikeun hal anu lumrah kanggo kaula muda. Sareng seeur deui realita anu nunjukeun yen sayaktosna free sex parantos ngabumi.

Aya deui kabokbrokan akhlak jalmi di akhir zaman iyeu sakumaha anu kaunggel dina kasauran hadits nabi. Salah sawios hamba istri anu ngalahirkeun tuanna. Kahiji nyaeta hiji istri anu ngazinahan ibuna. Kadua murangkalih anu ngalakukeun ibuna sapertos ka budak beulian. Katilu, durhaka murangkalih kanu janteun ibuna. Tina gambaran tadi nunjukeun seeur murangkalih anu damel awon kanu janteun sepuhna.

4/27/2009

Calon calon anu ngahuni sawarga

Calon calon anu ngahuni sawarga

Allah ngagambarkeun calon anu ngahuni sawarga


QS. Al Ahqaf :15

Sinareng parantos di piwarang kasaban jalmi supados midamel amal anu sae kanu janteun sepuh, nujanteun ibu parantos ngandung kalayan susah sinareng payah, sinareng ngababarkeun kalayan susah payah. Bobot dugi ka nyapih murangkalih dugika tilupuluh bulan. Saupamina parantos dewasa eta murangkalih, sinareng yuswana parantos opatpuluh tahun manteuna ngadua : ya rabb tuduhkeun jisim abdi kanggo syukuran kana nikmat anjeun anu parantos dipasikeun ka jisim abdi sinareng ka ibu rama abdi sinareng supados jisim abdi tiasa midamel amal anu shaleh anu kuanjeun di pikarido. Pasihan kasaean ka jisim abdi kalayan masihan kasaean kanu janteun putra sinareng incu. Sayaktosna jisim abdi tobat kaanjeun sareng sayaktosna berserah diri.


QS. Al Ahqaf : 16

“Maranteuna nyaeta jalmi-jalmi anu ditampi ti maranteuna amal anu sae anu parantos ku maranteuna midamel, sinareng ku kami di hampura kasalahan-kasalahan maranteuna, sinareng anu ngahui surge, sapertos janji anu leres anu parantos ku kami di janjikeun pikeun maranteuna.


Ninggal kana ayat anu tadi, urang tiasa nyimpulkeun saha jalmi anu tiasa lebet kana sawarga.

1. Jalmi anu midamel sae kanujanteun ibu rama.
2. Jalmi anu syukur ka Allah tina sagala nikmat anu ditampina
3. Jalmi anu midamel amal soleh kalayan ngarepkeun ridho Allah.
4. Jalmi anu tobat tina sabudaya kasalahan anu parantos dipidamel
5. Jalmi anu nyerahkeun dirina mung ka Allah wungkul

4/26/2009

Bidadari Syurga Ainul Mardiyyah (Dakwah Bahasa Sunda)

Bidadari Syurga


Dina salah sawios kisah anu di paparkeun ku Al Yafi’I Syekh Abdul wahid bin Zaid, dicrioskeun: dina salasawios dinten dina waktos nuju siap-siap bade angkat perang, manteuna nyungkeun sababaraha rerencangan pikeun ngaoskeun hiji ayat. Salah sawios pameget tampil bari ngaoskeun hiji ayat surat Attaubah ayat 111, anu hartosna:

Sayaktosna Allah parantos meser ti saban jalmi mu’min, tina harta sinareng tahta aranjeuna ku masihan sawarga pikeun aranjeuna.

Saparantosna ayat eta di aoskeun, hiji jajaka anom anu yuswana kirang langkung 15 tahun ngadeg tina pangcalikanana. Manteuna kenging harta warisan anu memang ngalimpah ruah tinujanteun ramana anu parantos pupus. Mantena kalayan sasauran: Wahaii Abdul wahid, Naha leres Allah Meser ti jalmi-jalmi mu’min diri sinareng hartana ku sawarga pikeun aranjeuna?” “ Nya Leres, Haei Jajaka” waleran Abdul wahid. Eta jajaka ngalajengkeun deui kana cariosannana: upami kitu mangga tinggal, sayaktosna diri kuring sinareng harta kuring dina detik ayeuna dijual kalayan sawarga.


Eta jajaka anom teh salajengna ngaluarkeun sadaya harta kakayaannana di sidekahkeun pikeun perjuangan. Mung ngan sakadar kuda sinareng pedangna wungkul anu teu di sidekah keun. Dugika tiba waktosna pemberangkatan pasukan, ternyata eta jajakateh sumping kalayan langkung awal. Eta jajaka jalmi anu awal anu katinggal dina pemberangkatan. Dina salebet perjalanan ka medan pertempuran jajaka eta upami siangna anjeuna saum sinareng wengina anjeuna teu kulem pikeun sakadar ibadah. Manteuna rajin ngurus onta-onta sinareng kuda tanggungan pasukan sarta ngajaga pasukan upami nuju karulem.


Sawaktos dugina ka daerah Romawi sinareng pasukan nuju ngatur siasat kanggo tempur, tiba-tiba anjeuna nuju ka payun sinareng ngagorowok kalayan tarik: Hei, kuring hayang wagiru tepang sinareng ainul mardiyah…” Bala tentara seeur anu ngemut yen eta jajakateh ragu sinareng pikirannana tos kacow teu waras. Teras dicaketan kalayan ditaros, saha ari ainul mardiyahteh. Anjeuna ngawaler. Tadi sawaktos kuring nuju tunduh kalayan sajorelat kuring ngimpen. Hiji jalmi sumping kalayan ngadekeutan bari cucumarios.” Geura indit anjeun ka ainulmardiyah. Anjeuna oge ngajak ka kuring lebet ka hiji taman anu dihandapna aya hiji solokan anu caina pisanan bersih sinareng di sagedengeunnana aya katinggal para bidadari calik kalayan ngegeulis nganggo perenakperenik anu endah. Dina waktos ninggal kana kasumpingan kuring aranjeuna kalayan bingah bari nyarioskeun. Iyeu caroge Ainul mardiyah.

Assalamualaikum” Cariosan kuring salam ka aranjeuna. Naha aya diantara anjeun anu jenengannana Ainul Mardiyah? Aranjeuna ngawaler salam sinareng cucumarios: Sanes, abdi sadaya nyaeta mung pembantuna. Lajengkeun lengkah anjeun” sababaraha kali eta jajaka dugi kahiji taman-taman anu langkung indah kalayan bidadari anu langkung geulis, tapi waleran aranjeuna sami, maranteuna mung saukur pembantu sinareng miwarang neraskeun kana lengkah kuring.

Akhirna kuring dugi oge kana hiji kemah anu didamel tina mutiara anu warnana bodas nyacas. Dina panto kemah aya hiji bidadari anu dina waktos ninggal kahadiran kuring anjeuna katinggal pisnan bingahna, sinareng ngagentraan kanu aya di lebet: Hai Ainul mardhiyah, iyeu caroge anjeun sumping.


Dinawaktos simkuring di sanggakeun lebet katinggal bidadari anu pisanan geulisna calik di hiji sofa emas anu di taburan permata sinareng yaqut. Dina waktos kuring nyaketan anjeuna cucumarios: sing sabar, anjeun teuacan diijinan langkung caket ka kuring., margi arwah kadunyaan masih aya dina diri anjeun. Eta jajaka anom nyarioskeun kajadian anu ngarandapan kana dirina. Salajengna eta jajakateh cucumarios wahai abdul hamid . kuring tos teu sabar ngantosan anu lami.


Sateuacan eta obrolan dipungkas, sacara teu kauninga eta kelompok musuh nyerang nyerbu ka nu nuju ngobrol. Eta jajaka ngadeg kalayan ngalabrak sadayana eta musuh. Satos pertempuran eta hiji jalmi nalumpik, pas ditingga eta jajakateh dina awaksakujur pinuh ku tebasan pedang getihna crutcrat dina anggoannana. Manteuna kalayan seuri mesem pinuh ku kabagjaan. Dugika arwahna papisah antara jiwa katut ragana.

4/22/2009

Larangan Midamel sombong (Da'wah Sahasa Sunda)

hiji kapal layar digulung kubadai anu memang ageung badai ngamuk lir ibarat alam nuju murka. ngan saukur dua pameget anu tiasa nyalametkeun diri tur ngojay ka hiji pulou anu pisanan gersangna. dua jalmi eta rada bingung naon anu kedah dilakukeun kecuali ngadoa. supados terang doa mana anu paling dikabulkeun, maranehna sapakat indit ka hiji tempat anu anu benten sinareng pajauh-jauh


doa anu kahiji, maranteuna nyungkeun di turunkeun katuangan. dinteun enjingna pameget nu hiji ninggal hiji tangkal anu pinuh ku bubuahan janteun di sagedengeun tempatna. sedengkeun di hiji tempat pamegeut nu hiji deuimah tetep kosong teu aya nanaon.

Saminggu na deui, pamegeut nu kahiji ngaraos kasepian sinareng mutuskeun ngadoa supados di pasihan garwa, dina enjingna aya hiji kapal karum sinareng anu salametteh mung hiji-hijina istri anu terdampar di sisi basisir tempat pameget eta dumuk. sedengkeun di tempat pameget anu kadua tetepwae kosong teu aya nanaon.


enggal-enggal wae pameget anu kahiji anjeuna ngadua hoyong bumi, anggoan, sinareng katuangan. kaenjingnakeun sapertos hiji kaajaiban, sadayana anu disungkeun aya pikeun anjeuna. sedengkeun pameget nu kadua teteup teu kenging nanaon.


akhirna pamegeut anu kahiji eta ngadua nyungkeun parahu supados anjeuna sinareng istrina tiasa ninggalkeun eta pulau.


dina enjing-enjing anjeuna mendakan hiji parahu anu terdampar di sagedengeun basisirna. saenggalna eta pamegeut sareng garwana naek kana luhureun eta parahu sinareng siap-siap ngalayar ninggalkeun eta pulou. numutkeun anjeuna pamegeut anu kadua eta teu pisanan pantes nampi kajaiban margi doa-doana teu dikabulkeun.


sateuacan angkat, pamegeut anu kahiji ngadangu suanten ti langit, Hai. kunaon anjeun ninggalkeun sobat anjeun anu aya di sisi pulou iyeu.???


anjeuna ngawaler” cariosan mhng sawios milik kuring sorangan. margi mung doa kuring anu di kabulkeun. waleran si eta pamegeut.
Doa sobat kuring eta teu aya hiji oge anu dikabul. margi kitu anjeuna teupisanan panteus kenging nanaon.”



anjeun salah!” kalayan suanten anu muncul gaib eta.


naha anjeun apal yen sayaktosna sobat anjeun mung ngagaduhan hiji doa. sareng sadayana doana dikabulkeun. pami henteu anjeun moal kenging nanaon saur suanteu gaib eta.



lalaki nu kahiji naros ka eta suanten.” Doa naon anu di panjatkeun dugika kuring kudu ngahutang kana sadaya ieu kaanjeuna.?

"
Anjeuna ngadoa supados doa anjeun dikabulkeun.”

Syaikh Salim bin 'Ied al-Hilali Monday, 06 April 2009
KATERANGAN
Allah berfirman, Jeung ulah diantara anjeun leumpang di bumi iyeu kalayan pinuh ku kasombongan. margi sayaktosna anjeun moal tiasa nembus bumi sareng sakali-kali anjeun moal dugika satangtung gunung.’ (Al-Isra : 37)

Allah dadawuh, Jeung ulah araranjeun ngabalieurkeun wajah anjeun ti manusa ( margi sombong) jeung ulah araranjeun leumpang di bumi iyeu kalayan angkuh. sayaktosna Allah teu resepeun ka jalmi-jalmi anu sombong tur ngabanggakeun diri sorangan.” (Lukman :18)

diriwayatkeun ti abdulah bin mas’ud. ra ti Nabi saw. manteuna dadawuh, moal lebet kana sawarga hiji jalmi anu aya dina lebet manahna timbul kasombongan sok sanaos saageung siki sawi.” Hiji pameget naros “ kumaha hiji jalmi resep nganggo raksukan sinareng sapatu sae?. Rasul ngawaler. “Sayaktosna Allah indah sinareng resep kana kaendahan. sombong nyaeta nolak kana kabeneran sinareng resep ngaremehkeun batur. (HR Muslim 91)
diriwayatkeun ti Abu Hurairrah r.a sayaktosna Rasulullah dadawuh, kaperkasaan nyaeta surga KAMI sinareng kasombongan nyaeta slendang Kami sing saha jalmi anu ngarebutti kami maka kami bakal nyiksa ka eta jalma.(HR Muslim 107)

Masih ti abu Hurairrah ra anjeuna nyarios, Rasulullah kantos dadawuh, sing saha pameget anu mapah kalayan nganggo dua raksukan kalayan sombong sinareng ngaraos kagum kana dirinanyalira, tiba-tiba Allah neuleumkeun ka jero bumi sareng manehna tetep sapertos kitu dugika dintenan kiamat. (HR Bukhari 5789 sareng Muslim 2088)
Diriwayatkeun ti Haritsah bin Wahb ra anjeuna nyarios. simkuring kantos nguping Rasulullah SAW. naha hoyong anjeun dipasihan terang ngeunaan pangeusi sawarga? maranehna sadayana nyaeta jalmi lemah anu tawadhu, tapi saupamina anjeuna nyumpah kana dirina niscaya Allah ngabulkeun kana sumpahna. naha hoyong anjeun dipasihan terang ngeunaan pangeusi naraka? nyaeta jalmi-jalmi anu keras tur kasar, tamak tur rakus, sinareng takabur “ (HR Bukhari 4198 sinareng Muslim 2853)
Diriwayatkeun ti Iyadh bin Himar ra, anjaena nyarios, Rasulullah saw kantos dadawuh, sayaktosna Allah ngawahyukeun ka kami supados araranjeun ngagaduhan sikep anu rendah hati, dugika teuaya hiji jalmi oge anu nganiyaya jalmi sanes nyombongkeun diri dipayuneun anu sanes,” (HR Muslim 2868)
Sumber: Diadaptasi dari Syaikh Salim bin 'Ied al-Hilali, Al-Manaahisy Syar'iyyah fii Shahiihis Sunnah an-Nabawiyyah, atau Ensiklopedi Larangan menurut Al-Qur'an dan As-Sunnah, terj. Abu Ihsan al-Atsari (Pustaka Imam Syafi'i, 2006), hlm. 3/330-331.

4/21/2009

Istri Shalihah (Da'wah Bahasa Sunda)

Istri shalihah nyaeta sasae-saena perhiasan dunia, ngelehkeun tumpukan Emas, inten permata oge perhiasan dunia anu sanes. Ngan saukur istri shalihah anu mampu ngalahirkeun generasi rabbani anu siap nanggung kana risalah Islamiah nuju puncak kajayaan.

Shalihah sinareng henteuna hiji istri gumantung kana kataatan kana aturan-aturan Allah. Aturan-aturan erta berlaku universal. Sanes bae pikeun istri anu parantos nikah, tapi oge kanggo rumaja istri. Maka mulia istri shalihah. Di dunia, manteuna bakal janteun cahaya pikeun kulawargana sinareng ngagaduhan peran ngalahirkeun generasi harepan. Saupamina manteuna pupus, Allah ngajanteunkeun bidadari di sawargana Allah. Kamuliaan istri shalihah digambarkeun ku rasulullah dina sabda nabimuhammad SAW, dunia iyeuteh nyaeta perhiasan, jeung sasae-saena perhiasan nyaeta istri shalihah”.(HR. Muslim

Dina Al-Quran surat An-Nur: 30-31, Allah swt. Masihan gambaran kanggo istri shalihah salaku istri anu tiasa ngajaga tina titingalianana. Manteuna pisanan taat ka Allah sinareng rasulna. Miakeup na nyaeta basuhan ci wudlu. Lipstikna nyaeta dzikir ka Allah. Sipat atanapi celak socana nyaeta nyeeyrkeun ningali kana al-quran.

Istri shalehah merhatoskeun pisan kana cariosannana. Teu aya dina sajarah na istri anu shalehah centil, cumentik, reusep cocorowokan lamun meunang mendak dina kabagjaan. mantena tangtos ngajaga cariosannana aya ajen. Lir ibarat rentetan inten nu pinuh ku makna jeng mahal hargana. Manteuna sadar rehna kamuliyaanna sumping tina tiasana ngaraksa diri.

Istri shalihah nyaeta hiji istri anu amis budi. Pikeun anjeuna imut nyaeta sidekah. Ti eta imutna tetep imut anu proporsional. Henteu tiap pameget kuanjeuna dipasihan imut anu ngagelenyu kalayan mesem. Imutna nyaeta imut ibadah katut ikhlas sinareng teu nimbulkeun kana fitnah pikeun anu sanesna. Istri shalihah oge pinter dina gaul. Ku pergaulan eta elmu pangaweruhna bakal teras nabih. Mantena bakal nyandak hikmah ti saban jalmi anu dipendakannana. Caketna sareng Allah teras terasan nyandak kana kasaean sinareng janten tambih kasaeannana pikeun dirina oge pikeun jalmi anu sanes. Manteuna sok ngajaga tina Akhlakna.
Salah sawios cirri yen sayaktosna imana kuat nyaeta kamampuanana ngajaga kana perasaan isin.

Ku ayana rasa isin, sagala cucumariosna sinareng tindak tandukna pisanan dikontrol. Mantena moal ngalakukeun hiji sikep anu nyimpang tina bimbingan Al-quran sinareng sunah. Manteuna sadar yen upami imanna kirang hiji jalmi maka bakal kirang oge rasa isina. Makin kirang rasa isina maka bakal langkung awon akhlakna.

Dina prinsipna, istri shalihah nyaeta istri anu taat ka Allah sinareng ka Rasulna. Rambu-rambu kamuliaan nana sanes tina rupi-rupi aksesoris anu dianggena. Justru mantena pisanan ngajagi kageulisannana supados teu janteun fitnah pikeun jalmi sanes. Kageulisannana dina hiji waktos tiasa janten anugran anu ngagaduhan nilai. Tapi saupami teu hati-hati, kageulisannana tiasa janteun sumber masalah anu bakal ngahesekeun kanu janteun sepuh atanapi carogena.

Dinawaktos kenging dina kakirangan dina fisik anu aya dina dirina, istri shalihah moal ngaraos kuciwa sinareng nyeri hate. Manteuna yakin hiji kakuciwaan nyaeta bagian tina sifat kufur nikmat. Manteuna moal ngaraos minder tina kakirangannana. Pribadina anu endah dugika nganggo naon wae anu di anggona bakal mancarkeun cahaya kamuliaan. Dugika sok sanaos polos teu nganggo makeup saalit oge, kageulisan jiwana bakal tetep katinggal sinareng niiskeun ati sanubari di sabudeureun nana.

Saupami hoyong janteun istri shalihah maka tiasa diajar ti lingkungan urang sinareng jalmi-jalmi anu dipendakan. Candak elmuna ti maranteuna. Oge urang tiasa nyonto ka istri nabi, sapertos aisyah, manteuna kakenal dina kacerdasan sinareng kiat emutannana. Salah sawios istri sapertos anjeuna tiasa di janteunkeun gudang elmu pikeun caroge sinareng murangkalihna.
Anu janteun contona nyaeta siti khadijah, figure istri shalihan anu nengtremkeun batin, pendukung anu satia, sinareng anus ok nguatkeun kana kasumangetan anu janteun carogena dina barjoang dijalan Allah SWT. Manteuna berkorban kalayan harta, kedudukan, sinareng dirina diserahkeun kanggo bajoang dijalan rasulullah. Sakitu kuatna kasalihan khadijah dugika name manteunateh sering pisan disebat-sebar ku rasulaloh. Sok sanaos khadijah parantos pupus.

Tiasa janten istri shalihah tiasa muncul tina katurunan, salah sawios pelajar anu sae akhlak sinareng cucumariosna, tiasa janteun gambaran hiji sepuh anu ngadidik putrana janteun putra anu ngagaduhan akhlak sae. Lumayan sesah dibayangkeun, salah sawios istri anu shalihah jol aya tanpa di awalan kop roses. Di dieu factor turunan memang ngagaduhan peranan. Kitu oge sinareng pola pendidikan, lingkungan katauladanan, sareng seeur paktor anu sanesna. Naon anu katinggal tiasa dijanteunkeun gambaran naon anu teu katinggal, seeur istri anu tiasa sukses.

Tapi teu sadayana tiasa shalihah, shalihah sinareng henteuna hiji istri gumantung kana kataatannana kanu janteun Allah. Rupina moal rugel upami hiji rumaja istri ngajaga sikapna dinawaktos manteuna interaksi sinareng lawan jenis anu sanes mahramna. Maka pilarian rencang jalmi anu bakal nambihan kualitas elmu, amal sinareng ibadah. Aya salah sawios anu ngungkapkeun” saumpami hoyong ninggal hiji kapribadian jalmi maka tinggal rerencangannan di sabudereunnana.

Peran istri shalihah memang ageing dina kulawargi, sinareng nagara. Kanca kantos ngadangu nyaeta disapengkereun pamingpin anu sukses aya hiji istri anu hebat. Saupami aya istri shalihah aya disapengkereun para ikhwan di dunya iyeu, maka sabaraha seeur kasuksesan anu bakal di raih, salami iyeu, istri dijanteunkeun palengkep wungkul, nyaeta mung saukur ngadukung ti pengker, teuaya peran anu memang langkung serius.

Istri nyaeta tihang nagara, mangga bayangkeun, saumpami tihang penopang hiji bangunan eta rapuh, maka eta pasti bangunanteh bakal runtuh tur rata sinareng taneuh. Moal aya nu nyesa kecuali sampah anu nileyna moal sabaraha. Urang kantunh milih naha bade janteun tihang anu kuat atanapi tihang anu rapuh sareng siap runtuh.

Untung pisan pikeun pameget anu ngagaduhan istri anu shalihah, margi manteuna tiasa ngabantos miara akidah sinareng ibadah anu janteun caroge. Rasul dadawuh, sing saha jalmi anu dipasihan istri anu shalihah, sayaktosna mantena parantos dipasihan pitulung pikeun ngengingkeun satengah agamana. Lajeng sakedahna manteuna taqwa ka Allah dina miara satengah anu sanesna (HR. Thabrani sareng Hakim)

4/20/2009

siti khadijah (Basaha sunda)

Khadijah Ra: Istri di sagedengeun Rasulullah
“Demi Allah, Moal aya gentos anu langkung sae tinimang manteuna, anu iman ka kami dina waktos sadaya jalmi inkar, anu percaya ka kami dinawaktos sadaya jalmi ngadustakeun, anu ngorbankeun hartana dina waktos sadaya jalmi mempertahankeun nana. sareng ti manteuna kami kenging katurunan.

Eta anu disabdakeun ku kanjeng rasul ngeunaan kepribadian saidatina khadijah. garwa salah sawios garwa anu sajati. muslimah anu nyeepkeun sagalana sinareng kamampuannana berkorban pikeun kajayaan Islam.

Saidatina Siti Khadijah masih keneh katurunan jalmi terhormat, ngagaduhan kakayaan anu ngalimpah ruah oge terkenel hiji istri anu tegas sareng cerdas. sanes sakali duakali seeur tokoh kures nyobi-nyobi kanggo ngalamar ka mantena. tapi pilihannana justru ka hiji jajaka anu ngagaduhan kakasihna nyaeta Muhammad, hiji jajaka anu terang sareng harga diri, anu teu kabengbat ku kakayaan sinareng kageulisan.

Saidatina Khadijah Ra, ngarupikeun hiji istri anu awal iman ka Allah sinareng Rasul. mantena seeur ngabantos sareng neguhkeun tekad kanjeng Rasul dina ngajalankeun risalah dakwah. mantena anu sok ngupahan kanjeng rasul dinawaktos aya dina kaayaan peurih hate sinareng anu ngicalkeun kacape sinareng penderitaan anu di alaman kunujanteun carogena dina ngajalankeun dakwahna. iyeu anu janten kaistimewaan sinareng kautamaan saidatina khadijah dina sajarah perjuangan Islam. manteuna ngarupikeun sumber kakuatan anu aya di sapengkereun kanjeng rasul.

KESETIAAN YANG BERSEJARAH

hayu urang piluruh deui kajanteunan anu memang ngajanteunkeun jantung kanjeng rasul degdegan. kajanteunan iyeu nyaeta nampina wahyu anu awal di Gua hira. sauihna ka bumi, baginda nyarios kanu janteun garwa anu dipika cinta. simkuring ngaraos watir kanu janten diri. khadijah ngusahakeun nguatkeun perasaan anu janteun caroge sinareng cucumarios, wahai suamiku, Demi Allah, pangeran moal ngucewakeun margi sayaktosna anjeun nyaeta jalmi anu anu osok mupuk sareng ngajaga kakaluargaan oge anu sanggup manggul tanggung jawab. anjeun di kenal hiji jalmi anu tukang nulungan kaum anu sangsara, hiji tuan rumah anu sok ngagumbirakeun tamu, hampang leungeun pikeun masihan pitulung, kalayan nyarios anu leres sinareng satia kana amanah.

Naha aya Istri anu sanes anu tiasa nyambut kana sakitu saena dina waktos kajanteunan anu pinuh ku sajarah anu kajantenanana di guha hira. sapertos anu di lampahan ku siti khadijah kanu janteun carogena? naon anu di lakukeun ku siti khadijah kanu janteun carogena dina waktos kajanteunan aheng iyeu nunjukeun sakitu ageungna kapercayaan sinareng rasa cintana hiji istri kanu janteun carogena klayn gaduh landasan kateguhan iman. saalit oge khadijah teu ngaraos ragu atanapi sok dina sajeroning ati sanubarina. anu janten pertarosan naha urang tiasa sapertos manteuba?
khadijah ngarupikeun hiji istri anu beunghar tur ka koncara. manteuna tiasa hirup mewah ku hartana nyalira. tapi sadayana eta kalayan rela di korbankeun pikeun ngajalanan tugas dakwah anu janteun carogena. hal iyeu jelas nunjukeun manteuna mangruoikeun hiji istri anu ngarojong kamajuan pahlawan umat manusa, ngalindungan pajuang pang ageungna dina sajarahsinareng ngawujudkeun perdamauan dina kahirupan nu janteun carogena. sikep iyeu anu ngajantenkeun kakuatan kanggo rasulullah dina sajeroning kahirupan sasarengan. margi kitu, urang sadayana kedah pisan ngadua mudah-mudahan Allah masihan

Sapanjang sasarengan sareng Rasulullah SAW, Khadijah pisanan satia nyarengan baginda di unggal-ungal kajantenan kaseneng jeung kasusah . unggal waktos caroge ka Gua Hira, anjeunna pasti nyiapkeun sadaya bebekelan sareng kapriogiannana . upami Rasulullah SAW rada lami henteu mulih, anjeunna bade ninggal kanggo mastikeun kasalametan baginda. Saupamina baginda khusyu ngadoa , anjeunna ngantosan di bumi kalayan sabar dugi ka mantena mulih. upami caroge ngadu kasesahna sarta aya dina kaayaan anu guling gasahan, anjeunna nyobi-nyobi sakuat tanaga nengtremkeun sareng ngahiburna dugika carogena leres ngaraoskeun katenangan. satiap ancaman sareng panganiayaan dipayunan sasarengan. Malah mah dina seueur kagiatan paribadatan Rasulullah SAW, Khadijah pasti nyarengan sareng ngabantos baginda sapertos nyadiakeun cai kanggo wudhu.

KASATIAAN ANU NGADORONG KANA KAGIGIHAN

mangga urang talumpik, urang di lenyepan sababaraha gambaran kasatiaan khadijah anu parantosngabina kakuatan sinareng kahirupan ka jalmi anu negak keun risalah islam.
sapanjang hirupna sasarengan sinareng Rasulullah, khadijah sakitu satiana nyarengan baginda dina satiap lampah anu bagja tur tunggara. tiap carogena angkat ka guha hira, mantena pasti nyimpen bebekelan sinareng kapriogiannana. sayaktosna junjunan rada lami teu uih, mantena bakal linggal kanggo mastikeun kasalametan baginda.

Kacintaan Khadijah sanes sakadar kacintaan kanujanten caroge , sauihna anu jelas nyaeta berlandaskeun kayakinan anu kuat kana kaesaan Allah SWT. Sagala pangorbanan kanggo carogena nyaeta dilandasan kaikhlas kanggo milarian karidoan Allah SWT. Allah Maha Adil dina masihan rahmat-Na. tiap amalan anu dilaksanakeun sareng pinuh kaikhlasan tangtos kenging ganjaran anu abadi. Firman Allah anu dimaksad:

sing saha jalmi anu ngerjakeun amalan saleh, boh pameget atanapi istri dina kaayaan iman, maka sayaktosna bakal Kami pasihan ka merenehna kahirupan anu sae sareng maka sayaktosna bakal di pasihan wawales ka sadayana sinareng pahala anu langkung sae daripada naon anu tos maranehna midamel. (An-Nahl: 97)

Janji Allah tangtos eta pasti leres. hiji kasatiaan Khadijah sanes sakadar ngahasilkeun kakuatan anu ngadorong kagigihan sareng berjoang Rasulullah SAW, malah mah nyandak barokah anu ageung kanggo rumah tanggi maranteuna duaan . Anak-anak anu lahir oge nyaeta anak-anak anu soleh. Katurunan zuriat ahlul-bait Rasulullah SAW mangrupikeun insan anu pisanan taat ngalaksanakeun parentah Allah SWT. Sadaya ieu ngahasilkeun kakuatan anu ngabantos ningkatkeun perjuangan Islam.

Wahai muslimah, ayeuna nyaeta masa kanggo urang hirupkeun deui hakikat ieu dina kahirupan urang. mugia kakuatan Islam tiasa uih deui mentadbir kahirupan insan.

4/16/2009

Sipat Wajib dan Mustahil Bagi Allah

Wujud
ﻭﺟﻮﺩ
Ada Nafsiah Adam
ﻋﺪﻡ
Tiada
Qidam
ﻗﺪﻡ
Sedia Salbiah Haduth
ﺣﺪﻭﺙ
Baharu
Baqa
ﺑﻘﺎﺀ
Kekal Salbiah Fana
ﻓﻨﺎﺀ
Akan binasa
Mukhalafatuhu lilhawadith
ﻣﺨﺎﻟﻔﺘﻪ ﻟﻠﺤﻮﺍﺩﺙ
Bersalahan Allah Ta'ala dengan segala yang baharu Salbiah Mumathalatuhu lilhawadith
ﻣﻤﺎﺛﻠﺘﻪ ﻟﻠﺤﻮﺍﺩﺙ
Menyamai atau bersamaan bagi-Nya dengan suatu yang baru
Qiamuhu binafsih
ﻗﻴﺎﻣﻪ ﺑﻨﻔﺴﻪ
Berdiri-Nya dengan sendiri Salbiah Qiamuhu bighairih
ﻗﻴﺎﻣﻪ ﺑﻐﻴﺮﻩ
Berdiri-Nya dengan yang lain
Wahdaniat
ﻭﺣﺪﺍﻧﻴﺔ
Esa Allah Ta'ala pada dzat,pada sifat dan pada perbuatan Salbiah Ta'addud
ﺗﻌﺪﺩ
Berbilang-bilang
Qudrat
ﻗﺪﺭﺓ
Berkuasa Ma'ani Ajzun
ﻋﺟﺰ
Lemah
Iradat
ﺇﺭﺍﺩﺓ
Berkehendak menentukan Ma'ani Karahah
ﻛﺮﺍﻫﻪ
Benci iaitu tidak menentukan
Ilmu
ﻋﻠﻢ
Mengetahui Ma'ani Jahlun
ﺟﻬﻞ
Bodoh
Hayat
ﺣﻴﺎﺓ
Hidup Ma'ani Al-Maut
ﺍﻟﻤﻮﺕ
Mati
Sama'
ﺳﻤﻊ
Mendengar Ma'ani As-Summu
ﺍﻟﺻﻢ
Pekak
Basar
ﺑﺼﺮ
Melihat Ma'ani Al-Umyu
ﺍﻟﻌﻤﻲ
Buta
Kalam
ﻛﻼ ﻡ
Berkata-kata Ma'ani Al-Bukmu
ﺍﻟﺑﻜﻢ
Bisu
Kaunuhu qaadiran
ﻛﻮﻧﻪ ﻗﺎﺩﺭﺍ
Keadaan-Nya yang berkuasa Ma'nawiyah Kaunuhu ajizan
ﻛﻮﻧﻪ ﻋﺎﺟﺰﺍ
Keadaan-Nya yang lemah
Kaunuhu muriidan
ﻛﻮﻧﻪ ﻣﺮﻳﺪﺍ
Keadaan-Nya yang berkehendak menentukan Ma'nawiyah Kaunuhu kaarihan
ﻛﻮﻧﻪ ﻛﺎﺭﻫﺎ
Keadaan-Nya yang benci iaitu tidak menentukan
Kaunuhu 'aliman
ﻛﻮﻧﻪ ﻋﺎﻟﻤﺎ
Keadaan-Nya yang mengetahui Ma'nawiyah Kaunuhu jahilan
ﻛﻮﻧﻪ ﺟﺎﻫﻼ
Keadaan-Nya yang bodoh
Kaunuhu hayyan
ﻛﻮﻧﻪ ﺣﻴﺎ
Keadaan-Nya yang hidup Ma'nawiyah Kaunuhu mayitan
ﻛﻮﻧﻪ ﻣﻴﺘﺎ
Keadaan-Nya yang mati
Kaunuhu sami'an
ﻛﻮﻧﻪ ﺳﻤﻴﻌﺎ
Keadaan-Nya yang mendengar Ma'nawiyah Kaunuhu asamma
ﻛﻮﻧﻪ ﺃﺻﻢ
Keadaan-Nya yang pekak
Kaunuhu basiiran
ﻛﻮﻧﻪ ﺑﺼﻴﺭﺍ
Keadaan-Nya yang melihat Ma'nawiyah Kaunuhu a'maa
ﻛﻮﻧﻪ ﺃﻋﻤﻰ
Keadaan-Nya yang buta
Kaunuhu mutakalliman
ﻛﻮﻧﻪ ﻣﺘﻜﻠﻤﺎ
Keadaan-Nya yang berkata-kata Ma'nawiyah Kaunuhu abkam
ﻛﻮﻧﻪ ﺃﺑﻜﻢ
Keadaan-Nya yang kelu
[sunting] Sifat kesempurnaan

Paribahasa Sunda

#
Ieu aing uyah kidul = Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
#
Indung lembu bapa banténg. = Ti indung jeung bapa turunan ménak jeung beunghar.
#
Inggis batan maut hinis. = Pohara risina, pohara paurna.
#
Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang. = Inggis jeung paur kabina bina
#
Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyérénkeun. = Masrahkeun sagalagalana hadéna goréngna, bagja cilakana (biasana sok dipaké dina seserahan).
#
Ipis kulit beungeut. = Gedé kaéra.
#
Iwak nangtang sujen. = Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
#
Jabung tumalapung sabda tumapalang. = Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
#
Jadi maung malang. = Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awéwé.
#
Jadi sabiwir hiji. = Jadi carita jalma loba.
#
Jadi senén kalemekan. = Mindeng dicaritakeun batur
#
Jaman cacing dua saduit. = Jaman baheula pisan.
#
Jati kasilih ku junti. = Pribumi kaéléhkeun ku sémah (urang asing), upamana dina nyiar kipayah.
#
Jauh jauh panjang gagang. = Hanas jauh jauh ogé dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
#
Jauh ka bedug. = Dusun,bodo, euweuh kanyaho
#
Jauh ka bedug anggang ka dayeuh. = Dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
#
Jawadah tutung biritna,sacarana sacarana. = Unggal bangsa béda adat jeung kabiasaanana.
#
Jegjeg cékér. = Capé kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
#
Jejer pasar. = Lumrah baé, mun ka lalaki, kasép henteu, goréng henteu.
#
Jeung léwéh mah mending waléh. = Leuwih haée wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
#
Jogjog neureuy buah loa. = Mikarep ka anu lain babad.
#
Jogjog neureuy buah loa. = Milampah anu moal pihasileun.
#

Kaceluk ak awun awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara = Kawentas pisan, kawentar kamana mana
#

Kaciwit kulit kabawa daging. = Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
#

Kahieuman bangkong. = Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
#

Kai teu kalis ku angin. = Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
#

Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait. = Tibatan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
#

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung. = Kajeun teuing capé gawé asal bisa dahar kalawan cukup.
#

Kalapa bijil ti cungap. = Ngucah ngacéh rasiah sorangan anu matak cilaka.
#

Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran = Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
#

Kumaha kejebur caina geletuk batuna. = Kumaha jadina baé, henteu jadi pikiran.
#

Kandel kulit beungeut. = Euweuh kaéra.
#

Katempuhan buntut maung. = Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
#

Katumbukan catur kadatangan carita. = Loba anu embung sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan.
#

Kawas anjing kadempet lincar. = Méré paréntah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
#

Kawas budak rodek hulu. = Teu ngupama, teu ngajénan, teu ngahargaan pisan.
#

Kawas cucurut kaibunan = Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
#

Kawas hayam panyambungan. = Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta témpat.
#

Kawas kacang ninggang kajang. = Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awéwé nu keur ngambek bari nyarékan.
#

Kawas kuda leupas ti gedogan. = Bingung ku kamerdékaan, terus sakama kama nganteur kahayang, ngalajur nafsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyéngkér.
#

Kawas lauk asup kana bubu. = Gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawéan, tapi hésé kaluarna jeung ngécagkeunana éta pagawéan (masalah)
#

Kawas nanggeuy endog beubeureumna. = Nyaah teu aya wates wangena, balukarna paur bée nu aya téh, bisi jelema anu dipikanyaah téa pinanggih jeung kasusahan.
#

Kawas nu mulangkeun panyiraman. = Sok nu lain lain, jeung hésé ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu téréh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan baé, sanajan matak ngarépotkeun ka ahlina/ kulawargana.
#

Kawas siraru jadi. = Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
#

Kawas wayang pangsisina. = Ngeunaan ka jelema , goréng rupana.
#

Kejo asak angeun datang. = Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangké deui harita kénéh dilaksanakeun.
#

Keur meujeuhna bilatung dulang. = Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
#

Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita. = Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
#

Keur nuju béntang surem. = Keur sée,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi baé.
#

Kiceupna sabedug sakali. = Pohara lungguhna.
#

Kiruh ti girang kiruh ka hilir. = Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
#

Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran. = Anu samumur umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
#

Kokoro Nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam. = Kacida miskina.
#

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan. = Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
#

Kudu boga pikir kadua leutik. = Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
#

Kudu bisa ngeureut neundeun. = Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
#

Kujang dua pangadekna. = Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
#

Kulak canggeum = Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
#

Kumaha bule hideungna bae. = Kumaha engke bae buktina.
#

Kunang kunang nerus bumi. = Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
#

Kuru cileuh kentel peujit. = Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
#

Kurung batok. = Teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah baé.
#
Hadé gogog hadé tagog. = Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.
#
Hambur bacot murah congcot = Goréng sungutna jeung sok mindeng nyarékan deuih tapi beréhan sok daék barangbéré dahareun.
#
Hampang birit. = Gampang jeung daékan dititah.
#
Handap lanyap = Handap asor, daék ngahormat ka batur, tapi boga haté luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
#
Hanteu gedag bulu salambar = Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
#
Hapa hapa gé ranggeuyan = Miskin miskin ogé da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan
#
Hapa hapa gé ranggeuyan. = Enya ari miskin téa mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
#
Haréwos bojong = Haréwos anu cukup tarikna, nepi kadéngé ku jelema anu deukeut kalawan tétéla pisan.
#
Haripeut ku teuteureuyeun. = Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu téh rejeki halal atawa haram
#
Harus omong batan goong. = Béja téh sasarina sok gampang jeung gancang nerékab, kulantaran umuna sok pabéja béja.
#
Hayang untung jadi buntung. = Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotéh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
#
Héjo tihang. = Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawéan.
#
Hérang caina beunang laukna. = Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
#
Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang. = Baréto mah beunghar ayeuna kari miskina
#
Heueuh heueuh bueuk. = Nyatujuan ari diluar mah, ngan baé henteu terus jeung haténa.
#
Heurin ku létah. = Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan
#
Hirup nuhun paéh dirampés = Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
#
Hirup dinuhun paéh dirampes. = Pasrah pisan, rido pisan teu boga kahayang naon naon.
#
Hirup ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja. = Kudu bageur kudu hadé laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
#
Hulu dugul dihihidan. = Nu keur senang tambah senang, nu keur untung tambah untung.
#
Hunyur nandéan gunung. = Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
#
Hurung nangtung siang leumpang. = Ginding karana maké papakean atawa perhiasan anu aralus.
#
Hurung nagtung siang leumpang. = Eukeur mang beunghar loba pakéan anu aralus turug turug resep ngaginding.
#
Ieu aing uyah kidul = Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
#
Indung lembu bapa banténg. = Ti indung jeung bapa turunan ménak jeung beunghar.
#
Inggis batan maut hinis. = Pohara risina, pohara paurna.
#
Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang. = Inggis jeung paur kabina bina
#
Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyérénkeun. = Masrahkeun sagalagalana hadéna goréngna, bagja cilakana (biasana sok dipaké dina seserahan).
#
Ipis kulit beungeut. = Gedé kaéra.
#
Iwak nangtang sujen. = Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
#
Jabung tumalapung sabda tumapalang. = Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
#
Jadi maung malang. = Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awéwé.
#
Jadi sabiwir hiji. = Jadi carita jalma loba.
#
Jadi senén kalemekan. = Mindeng dicaritakeun batur
#
Jaman cacing dua saduit. = Jaman baheula pisan.
#
Jati kasilih ku junti. = Pribumi kaéléhkeun ku sémah (urang asing), upamana dina nyiar kipayah.
#
Jauh jauh panjang gagang. = Hanas jauh jauh ogé dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
#
Jauh ka bedug. = Dusun,bodo, euweuh kanyaho
#
Jauh ka bedug anggang ka dayeuh. = Dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
#
Jawadah tutung biritna,sacarana sacarana. = Unggal bangsa béda adat jeung kabiasaanana.
#
Jegjeg cékér. = Capé kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
#
Jejer pasar. = Lumrah baé, mun ka lalaki, kasép henteu, goréng henteu.
#
Jeung léwéh mah mending waléh. = Leuwih haée wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
#
Jogjog neureuy buah loa. = Mikarep ka anu lain babad.
#
Jogjog neureuy buah loa. = Milampah anu moal pihasileun.
1. Caang bulan dadamaran. = Migawé nu kurang mangfaat.
2. Cacag nangkaeun. = Hanteu bérés , hanteu rata.
3. Cangkir emas eusi délan. = Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya ka urang.
4.
Cara bueuk meunang mabuk. = Ngeluk baé, teu lemek teu carék, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahawa sieun.
5.
Cara gaang katincak. = Anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jadi jempling.
6. Cara jogjog mondok. = Carékcok baé, mani gandéng naker.pisan.
7. Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung. = Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
8. Cecendet mandé kiara. = Nu leutik nyaruaan anu gedé, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
9. Ceuli lentaheun. = Sok gancang nyaritakeun ka batur naon baé anu kadéngé, turtaning tacan karuhan éta béja téh bener henteuna.
10. Cicing dina sihung maung. = Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
11. Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok. = Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila ogé tangtu bisa.
12. Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok. = Ku dileukeunan mah sakumaha héséna gé lila laila jadi bisa.
13. Cileuncang mande sagara, Cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung. = Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
14. Ciri sabumi cara sadésa. = Béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana.
15. Clik putih clak hérang. = Kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
16. Congo congo ku amis, mun rék mais ogé puhuna. = Kumaha arék bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
17. Daék macok embung dipacok. = Daék ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
18.

Dagang oncom rancatan emas. = Ari modalna gedé kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
19.

Dah bawang dah kapas. = Tah barangna tah duitna.
20.

Deugdeug tanjeuran. = Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
21.

Deukeut deukeut anak taleus. = Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibaréto yén baraya.
22.

Dihina pinasti, anyar pinanggih. = Baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
23.

Dipiamis buah gintung. = Disangka hadé jeung bageur , tapi buktina goréng jeung jahat.
24.

Disakompet daunkeun, dihurun suluh. = Dihijikeun baé, disaruakeun baé, teu dibéda béda.
25.

Dogong dogong tulak cau, geus gedé dituar batur. = Ngantian jeung mahugi parawantikeur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu Kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gedé dikawin batur, atuh hésé capé taya gawé.
26.

Dogdog pangréwong. = Bantuan abu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
27.

Dosa salaput hulu. = Kacida loba dosana.
28.

Dulang tinandé. = Awéwé mah nurutkeun baé, kumaha diaturna jeung diparéntahna ku nu jadi salaki.
29.

Duum tinggi. = Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik
30.

Élmu ajug, = Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
31.

Élmu sapi. = Samiuk (ngahiji) kana kagoréngan.
32.

Élmu tumbila. = Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
33.

Élok bangkong. = Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baé.
34.

Éndog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh. = Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sareréa.
35.

Éndog tara megar kabéh. = Najan saindung sabapa heteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
36.

Galéhgéh gado. = Daréhdéh tapi henteu terus kana haté.
37.

Gancang pincang. = Kulantaran digawéna buru buru jeung kurang ati ati hasilna téh teu nyugemakeun.
38.

Gantung dengé. = Hanteu terus bisa ngadéngékeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadéngékeun.
39.

Gantung teureuyeun. = Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus béak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
40.

Gedé gunung pananggeuhan. = Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar atawa jareneng.
41.

Gede gunung pananggeuhan. = Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegedén, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, éta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
42.

Gedé gedé kayu randu, dipaké pamikul bengkung, dipaké lincar sok anggang, dipaké pancir ngajedig. = Ngeunaan ka jelema anu jangkung harelung tur dedeg ngan hanjakal gawéna jeung karajinanana goréng.
43.

Getas harupateun, pinggeus harepan. = Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
44.

Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma. = Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
45.

Gindi pikir belang bayah. = Goreng haté, dolim, julig , dengki.
46.

Ginding kakampis. = Ari paké mah ginding ngan duit teu boga.
47.

Giri lungsi tanpa hina. = Nu luhur jeung nu handap sarua baé ulah dihina.
48.

Goong saba karia. = Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawé sangkan seubeuh baranghakan.
49.

Gunung tanpa tutugan. = Euweuh anggeusna, boh pagawean boh hiji perkara teu béak béak.
50.

Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi. = Euweuh anggeusna, euweuh béakna.
51.

Gurat batu. = Pageuh kana jangji.
52.

Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna. = Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.


1.
Adam lali tapél = Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai
2.
Adat kakurung ku iga = Adat nu hésé digantina
3.
Adéan ku kuda beureum = Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakéan batur
4.
Adigung adiguna = Gedé hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
5.

Akal koja = Pinter dina kagorenganatawa kajahatan
6.

Aki aki tujuh mulud = Lalaki nu geus kolot pisan
7.

Aku aku angga = Nagku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan ataw kauntunga.
8.

Aku panggung = darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna,
9.

Alak alak cumampaka = Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa [pangpunjulna]. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya.
10.

Alak paul = Tempata nu lain dikieuna, nengeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
11.

Alus panggung = alus laur hade ome = Tegep dedeg pangadegna
12.

Ambek nyedek tanaga midek. = Ari napssu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri.
13.

Ambekna sakulit bawang. = Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
14.

Anak merak kukuncungan = Sipaat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkrun ku kolotna.
15.

Anak puputon. = Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
16.

Anjing ngagogogan kalong = Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun.
17.

Ari diarah supana, kudu dipiara catangna = Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
18.

Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed = Ari umur geus kolot tapi haté ngongoraeun keneh.
19.
Asa ditonjok congcot = Meunang kabungah nu gedé, anu saenyana teu diarep arep.
20.
Asa ditumbu umur. = Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
21.

Asa nanggeuy endog beubeureumna = Kacida nyaahna
22.

Asa nyanghulu ka jarian. = Ngawula ka anu sahandapeun umur pangarti atawa pangalaman.
23.

Asa potong leungeun katuhu = Leungiteun jalma nu pohara hadé gawéna.
24.
Ati mungkir beungeut nyinghareup = Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi hanteu.
25.
Aub payung, sabet panon, sabasoba = Wewengkon, ngeunaan tanah.
26.
Aya astana sajeungkal = Anu mustahil ogé bisa kajadian
27.
Aya bagja teu daulat = Arék meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
28.

Aya di sihung maung. = Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
29.
Aya jalan komo meuntas = Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
30.
Ayakan tara meunang kancra = Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
31.
Aya Peurah = Aya komara, aya harega , aya pangaji.
32.

Balég tampélé = Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gedé kénéh kaéra.
33.

Bali geusan ngajadi. = Tempat dilahirkeun
34.

Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan. = Béak karep ku rido jeung beresih haté.
35.

Balung kulit kotok meuting = Teu eureun eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari.
36.

Banda tatalang raga. = Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabéla diri, meuli ubar sangkan waras.
37.

Belang bayah gindi pikir. = Boga pikiran goréng ka papada kawula.
38.

Bengkung ngariung bongkok ngaronyok. = Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
39.

Beurat birit. = Hésé jeung sungkan dititah.
40.

Beureum paneureuy = Seuseut batan neureuy keueus. = Hésé pisan, seuseut seuat ngahsilkeun maksud.
41.

Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana. = Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, Anging Gusti nu ningali.
42.

Beuteung anjingeun. = Ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara / siga beuteung anjing.
43.

Bilih aya tutus bengkung. = Bisi salah pokpokanana.
44.

Biwir nyiru rombéngeun. = Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
45.

Biwir sambung lemek, suku sambung léngkah = Henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun duméh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
46.

Bluk nyuuh blak nangkarak. = Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
47.

Bobo sapanon carang sapakan. = Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
48.

Bobor karahayuan. = Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
49.

Bonténg ngalawan kadu. = Nu leutik ngalawan nu gedé.
50.

Buburuh nyatu diupah béas. = Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
51.

Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah euwah. = Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
52.

Buluan belut, jangjangan oray. = Pamohalan kajadian
53.

Bungbulang tunda = Tunda talatah.Lamun dititah tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.
54.

Buntut kasiran = Korét, medit, ngeupeul, tara pisan daék barangberé.
55.

Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang. = Ginding, loba pakéan anu aralus dipaké.
56.

Buruk buruk papan jati. = Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baé lamun aya kasalahan té
57.

Paribahasa sunda

#
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa béja lain leumpang maladra. = Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
#
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk péda. = Arék cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogé bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedé baé.
#
Landung kandungan laér aisan. = Gedé timbanganana, gedé pangampurana.
#
Langsung saur bahé carék. = Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.
#
Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan = pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.
#
Legok tapak genténg kadék. = Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
#
Leubeut buah héjo daun. = Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
#
Leuleus jeujeur liat tali. = Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
#
Leuleus Jeujeur liat tali. = Méméh mutus hiji perkara salah atawa bener ditimbang timbang heula alus goréngna supaya karasa adil.
#
Leunggeuh cau beuleum. = Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawéan.
#
Leutik burih. = Euweuh kawani.
#
Leutik cahak, gedé cohok. = Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gedé.
#
Leutik leutik ngagalatik = Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gedé, tapi lébér ku wawanén.
#
Leutik ringkang gedé bugang. = Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah saréréa.
#
Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét. = Hadé goréngna pikiran jelema hésé dikira kirana.
#
Lieuk euweuh ragap taya. = Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
#
Loba teuing jaksa. = Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
#
Lodong kosong ngelentrung. = Kalah ka loba omong baé, ari pangartina mah euweuh.
#
Luhur kuta gedé dunya. = Gagah tur beunghar taya kakurang.
#
Luncat mulang. = Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engké mah kitu.
#
Lungguh tutut. = Katénjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
#

Maléngpéng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung. = Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
#

Maliding sanak. = Hanteu adil, pilih kasih.
#

Manan Léwéh mending waléh. = Leuwih hadé wakca balaka batan diahir meunang kasusah.
#

Mangpengkeun kuya ka leuwi. = Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
#

Mapay ka puhu leungeun. = Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
#

Marebutkeun paisan kosong. = Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
#

Maut nyéré ka congona. = Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
#

Méré langgir kalieun. = Méré naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
#

Meuli téri meunang japuh = Nyair hurang meunang kancra. = Kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedé.
#

Meungpeun peureum ku ayakan. = Nyaho yén batur téh salah atawa migawé anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
#

Meungpeung teugeu harianeun. = Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
#

Miceun batok meunang coét. = Miceun nu goréng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé.
#

Mindingan beungeut ku saweuy. = Ari haté goréng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan haté nu goréng téa maksudna supaya ulah kaciri téa.
#

Mipit teu amit ngala teu ménta. = Maling boga batur.
#

Miyuni hayam kabiri. = Leutik burih babari sumerah éléh atawa lalaki nu babari sumerah ka awéwé.
#

Moal ceurik ménta eusi. = Keun baé mawa wadah anu gedé ogé da lain hayang loba dibéréna.
#

Mobok manggih gorowong. = Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
#

Mobok manggih gorowong. = Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
#

Monyét kapalingan jagong. = Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
#

Mopo méméh munggang. = Horéam, teu sanggup saméméh prak.
#

Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan. = Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
#

Mun teu ngoprék, moal nyapék. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih. = Lamun teu digawé niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
#

Mupugkeun tai kanjut. = Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.

Papagon Kolot Baheula dina Ngaraksa, Ngariksa jeung Ngamumulé Lingkungan Hirup

“Téng manuk téng, anak merak kukuncungan”
“Uyah mah tara téés ka luhur”
“Melak cabé jadi cabé, melak bonténg jadi bonténg”

NGAHAJA dina ieu tulisan dibubukaan ku nyutat 3 paribasa Sunda. Maksudna mah keur tatapakan pamiangan tujuan ieu tulisan. Dina paribasa kahiji jeung kadua, eusina ngagambarkeun hubungan antara anak jeung nu jadi kolotna. Lain hubungan génétis wungkul tapi hubungan patalina, adat kabiasaan, tabéat, watek jeung sifat anak. Hadé goréngna anak ditangtukeun ku bekel atikan jeung pangajaran ti kolotna. Ari paribasa katilu, eusina nuduhkeun mun urang melak hadé tangtu jadina gé hadé, melak goréng jadina goréng. Hadé jeung goréngna budak gumantung kana pepelakanana ti nu jadi kolotna.
Anak, sacara kodratna lahir dina kaayaan suci bersih lir kapas nu nyacas bodas. Rék jadi hideung, rék jadi beureumna téh kapan kumaha kolotna. Cara dina keretas téa mah budak téh lir keretas bodas tulisaneun. Rék ditulisan ku nu rocét atawa ku nu rapih, gumantung ka nu nulisanana. Sakumaha dina ajaran Islam gé aya hadis nu nerangkeun yén orok gubragna ka alam dunya dina kaayaan suci bersih, rék di-Islamkeun, di-Nasranikeun, atawa di-Majusikeun téh gumantung indung jeung bapa, nu jadi kolotna. Kolot boga kawajiban nangtukeun pikahareupeun anakna. Rék sina hadé, rék sina goréng, rék Islam, Nasrani, atawa Majusi kumaha kolot nu ngurus jeung ngatik ngadidikna. Di dieu, pangaruh kolot téh gedé pisan dina lebah nangtukeun atikan jeung didikan ka nu jadi anak.

Jaman baheula, para karuhun Sunda tétéla geus boga padika keur nangtukeun papagon hirup anak incu buyut turunanana. Ajaran atawa papagon hirup nu kitu téh cék istilah populérna mah disebut “Kearifan Tradisi” atawa aya ogé nu sok nyebut “Kearitan Lokal” téa. Nya éta sarupaning ajaran, aturan, padika, tetekon, papagon hirup jeung palasipah hirup nu asalna tina “luang ti papada urang”. Cindekna gumelarna kawijakan hirup nu turun-tumurun téh biasana ngeunteung tina alam sabudeureun. Contona mangrupa babasan, paribasa, kapamalian, uga, cacandran, sanget, rupa-rupa upacara adat, jampé-jampé, paparikan-sisindiran, jeung sajabana. Eusina leubeut ku rupaning silib, sindir, siloka, simbul, jeung sasmita.

Dina ngaalrapkeun papagon-papagon hirup téh, budak wajib narima jeung kudu taat tur tumut kana aturan ti kotot. Naon baé nu diajarkeun ku kolotna, mangka budak kudu daék nurut, teu meunang mungpang. Mun aya budak anu wani-wani nambalang atawa mungpang kana naséhat-naséhat, piwejang sarta wurukan ti nu jadi kolot, éta budak sok disebut sasar pikir, budak wangkelang, budak bontongor, budak bangkar warah, budak teu nyaho di kanyaah kolot, jeung sajabana.

Ari sipating budak, kapan masih polos téa. Adat-adatanana éstuning bawaan ti kodratna mah eusianeun kénéh. Mun rék ngarobah adat budak sangkan jadi jelema cageur, bageur, bener, singer, jeung pinter téh nya ku kolotna. Mun téa mah kolotna geus béak déngkak méré atikan jeung didikan ka nu jadi anak, tapi éta budak masih kénéh teu bisa robah adat, nya dalah dikumaha atuh. Antuknya sok lahlahan nyebut “Ah da geus kitu wé meureun takdirna.”

Konsép atikan kolot baheula, najan bisa waé can paamprok jeung ajaran Islam, tapi geuning dina enas-enasna mah geus ngamalkeun ajaran Islam. Contona lebah konsép “Amar ma’ruf nahiy munkar”, kapan kolot urang, Karuhun Sunda geus wawuh jeung éta konsép. Aya ajaran panyaram lampah salah jeung pangjurung atawa papatah pikeun lampah bener, nu nyampak dina babasan jeung paribasa. Upamana dina lebah nyaram lampah salah, dina paribasa nyampak mangpirang-pirang conto paribasa anu eusina nyaram. Saperti: Utah biwir nyiru rombéngeun, ulah gindi pikir belang bayah, ulah kabawa ku sakaba-kaba, ulah cul dogdog tinggal igel, ulah nangkeup mawa eunyeuh, jeung sajabana. Kitu deui dina lebah nitah milampah hadé, kapan réa babasan jeung paribasa nu eusina nitah migawé bener atawa rupa-rupa kahadéan. Saperti: kudu hadé gogog hadé tagog, kudu leuleus jeujeur liat tali, kudu ngadék sacékna nilas saplasna, kudu landung kandungan laer aisan, jeung réa-réa deui.

Anu boga kawajiban nepikeun papagon-papagon hirup jeung rupaning atikan lian ti kolot téh nyaéta guru jeung ratu (pamaréntah), lantaran nya maranéhna pisan nu geus loba luangna dina kahirupan, geus loba pangalaman hirup, jeung nyaho pait peuheurna hirup di dunya. Tapi pikeun budak mah, peran kolot pisan anu kacida dominan mah, sabab nya di imah nu ngatik jeung ngadidik budak sacara langsung téh kolot. Ari nu disebut kolot téh, bisa indung jeung bapa, bisa nini-aki, atawa buyut urang. Tegesna mah saha baé anu aya patalina jeung pakuat-pakaitna nasab tur némbongkeun kanyaahna ka budak téa. Ku lantaran kolot téh jadi sumber atikan pikeun budak, nya atuh sagala réngkak jeung paripolah téh jadi conto tuladeun pikeun budak. Jadi, budak salawasna nulad ka kolot. Aturan bebeneran anu cék ukuran kolot kudu kitu, nya budak gé nurutan kudu kitu.

Kolot urang baheula, saréngkak jeung saparipolahna téh estuning tarapti jeung ati-ati. Lebah nerapkeun ajaran atawa atikan ka budak sok tara togmol atawa langsung nerag, tapi sok dibalibirkeun ku rupaning dongéng-dongéng pieunteungeun, dongéng-dongéng bangsa jurig jeung dedemit, atawa ku nyieun aturan-aturan panyaram nu disebut PAMALI. Kecap pamali nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBSS (1994) mah cenah sagala hal anu sok aya matakna nurutkeun kapercayaan karuhun, saperti ulah sok lalanngiran, pamali! matak ditinggalkeun maot ku indung; ulah sok diuk dina lawang panto, pamali! matak nongtot jodo. Ari cék RA Danadibrata mah nu disebut pamali téh nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna, upamana lalaki teu meunang nyekel asiwung pamali matak peluh; ngomé béas pamali bisi dijual ka oa; nu keur reuneuh teu meunang ngadahar intip pamali bisi bali orok kaluarna hésé; nu keur reuneuh teu meunang ngadabar tutut pamali bisi tunduh dina waktu keur ngalahirkeun jsb. Sedengkeun R.Satjadibrata mah nerangkeun harti pamali téh nyaéta larangan karuhun, upamana ulah nyoo seuneu, ulah nyoo béas, ulah nginjeum jarum tipeuting jsb. Cindekna pamali téh sarupaning pantrangan-pantrangan anu kudu dijauhan, anu teu meunang dipilampah, sabab lamun dirémpak bakal nimbulkeun mamala. Jadi mun budak rék milampah hiji pagawéan anu teu parok jeung aturan kolot, kolot urang baheula cukup nyebut “teu meunang, pamali, bisi matatak anu…” Ku kitu gé, budak téh sok tara loba tatanya deui, éstuning nurut wé da maksudna kalawan lantip tur surti ku kolotna geus dibéjaan. Basana gé cukup ku “Ulah kitu sabab bisi kitu”. Eusina siga nu nyingsieunan, padahal disatukangeun lalangsé éta panyaram téh aya maksud anu nyamuni, anu kudu disurahan, anu kudu dipikiran deui. Tah bakal kaharti jeung kabukana rasiah éta silib, sindir atawa siloka dina éta kapamalian téh lamun budakna geus jadi jelema sawawa, geus mikir déwasa, geus loba luangna.

Upama dipikir saliwatan mah asa anéh, naha ari kolot-kolot urang baheula ka nu jadi anak téh sok loba pisan nyaram atawa mantrang? Jeung mantrang atawa nyaramna téh ngan wungkul ka barudak deuih, da ka anu geus sawawa mah tara, komo ka nu geus laki rabi mah tara pisan. Geura wé, cenah dahar itu teu meunang, pamali; dahar ieu teu meunang, pamali. Kitu deui ngalakukeun itu pamali, ngalakukeun ieu pamali. Sigana téh ampuh pisan, cukup ku nyebut pamali gé, ku budak kudu digugu jeung tara aya nu wani mungpang.

Kaalaman ku sorangan, baheula, jaman keur budak, boh ku indung bapa, boh ku nini aki sok remen ditegor pamali téh. Upamana waktu meuncit hayam, biasana rék lebaran. Budak mah cenah teu meunang dahar cékér hayam, pamali, da bisi tulisanana goréng siga cékér hayam. Atawa budak mah teu meunang ngadahar tunggir, pamali sabab bisi engkéna dipangnunggirkeun. Kitu deui bagian hulu hayam, budak teu meunang ngadahar hulu/ otak hayam, pamali da bisi huisan. Anu matak keuheul mah lebah bagéan ati hayam, da puguh ngeungeunahna, budak dicaram, teu meunang ngadahar ati hayam, sabab cenah bisi jadi matak guranyih atawa bakal loba kasusah.

Conto séjénna pantrangan kapamalian nu ditibankeun ka barudak téh, utamana nu patali jeung dahareun. Saperti, teu meunang ngadahar cau sisina, sabab matak kasingsal; teu meunang dahar jantung, sabab matak jantungeun; teu meunang ngadahar cau démpét, sabab bisi engkéna matak boga anak démpét; teu meunang beuki dahar suung, sabab bisi engkéna suungeun; teu meunang dahar lopang, sabab matak belet; ulah beuki iwung awi gedé, matak édan awi cawang; ulah ngadahar buah urut sésa kalong, sabab matak rodék/burung susu. Aya deui panyaraman anu patali jeung pagawéan diantarana: ulah meuleum batok, matak nyeri tuur; ulah meuleum daun cau baseuh, matak bau kélék; ulah meuleum suluh ti puhuna, matak malarat pakokolot, jst.

Sakabéh panyaraman-panyaraman di luhur anu kasebut kapamalian téa, lamun dipikir saliwat mah siga nu teungteuingeun kolot urang téh. Hawek wé sugan mah, rupaning kadaharan anu cék rarasaan mah ngeunah tur dipikahayang ku budak, bet sagala dicaram. Padahal lamun disurahan kalawan lantip tur surti, bréh wé kapanggih maksudna. Apanan kolot mah ngatik ka barudak téh ngarah nurut tur nerap, sarta dimana geus sawawa atawa jadi kolot deui, rupaning ajaran téh diamalkeun. Tétéla geuning aya maksud di satukangeun lalangsé kecap pamali téh. Di dinya nyampak ajaran tradisional nu kudu disurahan kalawan wijaksana. Kolot urang baheula nyaram soténan maksudna sangkan urang ulah boga sifat hawek, sagala didahar teu inget ka batur. Kapan pangawakan budak mah kawatesanan, mangka dimana dahar gé kudu diukuranan ulah sagala hayang, ulah sagala didahar, nepi ka matak méakeun batur. Kitu deui pantrangan-pantrangan nu patali jeung maké tur ngagunakeun tutuwuhan atawa sasatoan. Sasatna lain teu meunang tapi ngatur sangkan ulah dibéakeun. Jantung cau upamana, kapan éta téh pibabakaleun buah cau, lamun jantungna diala terus dipaké kadaharan samemena, meureun moal jadi buah. Atuh moal aya buah cau. Suung ogé kapan jaman harita mah teu dipelak, tapi jadi ku sorangan. Mun terus diala sarta dijadikeun kadaharan kalawan teu maké aturan, meureun gancang béakna. Tah éta téh hiji gambaran yén kolot urang baheula mah wijaksana jeung nyaah ka alam sabudeureun. Sagala nu nyampak di alam téh keur manusa, tapi teu meunang sagawayah maké jeung ngagunakeunana, kudu maké aturan. Ku aturan nu sifatna teu tinulis saperti pamali téa ge geus cukup, da masrakat harita kukuh pengkuh, tuhu jeung taat disiplin kana aturan nu geus dijieunna.

Kecap pamali ogé cukup ampuh pikeun ngaraksa jeung ngariksa kalumangsungan lingkungan alam sabudeureun. Ku kecap pamali bisa nyegah pagawéan anu bakal ngabalukarkeun ruksakna lingkungan. Upamana pikeun ngaraksa jeung ngariksa leuweung, masrakat Sunda buhun, kolot urang baheula, nyieun aturan mana leuweung anu meunang disaba, jeung mana leuweung anu teu meunang disaba. Nya aya aturan nu ngabagi babagian leuweung jadi leuweung larangan jeung leuweung tutupan nu dipahing diganggu, komo deui diruksak mah. Ngan wungkul leuweung nu teu kaasup leuweung larangan jeung leuweung tutupan anu meunang disaba sarta dicokot mangpaatna. Jadi, asup ka leuweung tutupan jeung leuweung larangan mah pamali pisan, sabab mun dirémpak bakal nimbulkeun mamala. leu téh éstuning wijaksana jeung cerdas, sabab geuningan karuhun urang, kolot baheula geus ngalaksanakeun konsép konservasi leuweung anu ngalestarikeun leuweung katut pangeusina. Kaharti ku akal, kapan nya leuweung nu jadi sumber nyimpen cai jeung nyegah tina bencana alam banjir atawa longsor téh. Sabab mun leuweungna ruksak, sumber cai jeung sumber alam, flora katut fauna nu aya di leuweung bakal ruksak nepi ka béakna.

Aya conto séjén anu patali jeung ngatur, ngajaga, ngaraksa jeung ngariksa tutuwuhan nu nyampak di alam. Upamana dina lebah nuar tatangkalan, boh kai, boh awi. Karuhun urang pantrang ngalakukeun dina 2 poé nu dianggap sakral nyaéta poé Salasa jeung poé Jumaah. Naon sababna? Kapan poé Salasa téh sok dipaké poé pasar, ari poé Jumaah, kapan poe ibadah umat Islam, ngalaksanakeun sholat Jum’ah. Lamun unggal poé dina saminggu diwenangkeun kitu waé nuar awi atawa kai, meureun bakal béak sagala tatangkalan téh, pangpangna ari awi jeung kai mah sok dipaké bahan keur nyieun imah. Pon kitu deui dina cara nuar awi, teu meunang sagawayah tapi kudu dipilih tina dapuran awi anu pangjerona, anu umur awina geus kolot, sabab lamun nu ngorana dituaran atuh bakal tumpur. Dina ngala kawung ogé, anu méh saban bagian ngabogaan mangpaat, karuhun urang teu sagawayah ngagasab tangkal kawung, tapi diatur ku tata titi nu rintih maké upacara adat, ngahoramat kanu dianggap ngageugeuhna. Balukarna tara aya tangkal kawung nu wani-wani diruksak, malah diraksa jeung diriksa da ngahasilkeun lahang pigulaeun. Kitu deui cara melak pepelakan, cara paré di sawah atawa di huma teu sagawayah, tapi diatur ku papagon-papagon adat tradisi, ku cara maké upacara adat.

Lian ti kapamalian, pikeun ngaraksa jeung ngariksa lingkungan alam sabudeureun, pangpangna tempat dimana nyampak sumber huluwotan cai, anu biasana mah sok dibarung ku ayana tatangkalan kai anu galedé, kolot urang baheula nyieun aturan atawa papagon ku cara nyebutkeun yén éta tempat téh SANGET. Ari sanget téh hartina dina éta tempat aya sabangsaning jurig atawa dedemit anu ngageugeuh. Lamun digunasika atawa diganggu komo deui diruksak mah, tangtu jurig nu ngageugeuh éta tempat bakal mawa mamala. Ku cara kitu gé éta tempat téh aman, tara aya nu wani-wani ngadatangan, sok komo ngaruksak atawa nuar kaina mah. Harita mah dikitukeun téh percaya wé. Ku aturan ayana jurig nu ngageugeuh nepi ka meunang sebutan sanget téa, sumber-sumber alam nu nyampak di dinya jadi aman. Sirah cai atawa huluwotan cai teu diganggu, kitu deui tatangkalanana ogé aman. Sabalikna lamun éta sumber cai jeung kaina diruksak ku cara dibabad dituaran, geus tangtu caina bakal orot, malah nepi ka saatna pisan gé teu mustahil.

Perkara percaya ka sabangsaning jurig atawa siluman jeung bangsa dedemit téh memang ampuh pikeun ngajaga, ngaraksa jeung ngariksa lingkungan alam sabudeureun, lain baé ngariksa tutuwuhan tapi deuih jeung sasatoana ogé. Contona lauk cai. Di daerah Kuningan, aya sabangsa lauk kancra purba, anu ngan aya hiji-hijina di Kuningan wungkul. Ti baheula nepi ka ayeuna tetep langgeng lestari, sabab teu aya nu wani-wani ngala, komo nepi ka ngadahar laukna mah. Padahal éta téh jenis lauk nu kaasup langka tur teu nutup kamungkinan saenyana mah mun didahar gé matak ngeunah. Tapi ku lantaran diterapan aturan buhun ti karuhun Sunda SANGET téa, éta lauk tetep abadi malah ngalobaan, tur ekosistemna ogé dipiarajeung dipusti-pusti, henteu diganggu. Kiwari éta lauk tara aya nu wani ngala, tapi ukur dipaké objék wisata di Taman Pemandian Air Cigugur Kuningan.

Tétéla geuningan, karuhun urang, kolot baheula, leuwih wijaksana jeung leuwih cerdas lebah ngaraksa jeung ngariksa lingkungan téh cukup ku papagon jeung aturan anu teu tinulis: PAMALI jeung SANGET. Hasilna nyugemakeun tur ditarurut deuih. Ari ayeuna kumaha? Manusa alam kiwari, anu cenah sok disebut jaman modéren dina nyanghareupan lingkungan alam sabudeureun beunang disebut kabalinger, da geuning alam téh diruksak, diéksploitasi jeung digunasika, nepi ka ruksakna. Atuh wawalesna téh nya bencana alam jeung bencana kamanusaan. Banjir, longsor, caah déngdéng, kalaparan, tigerat cai, hawa nyongkab panas, jeung sajabana.

Sigana, urang nu hirup di alam kiwari kudu ngimpleng mikiran deui papagon-papagon kolot baheula nu geus puguh benerna jeung puguh hadéna, lebah miara jeung ngalestarikeun alam mah. Ulah aya basa katinggaleun jaman, atawa dianggap kuno. Sapanjang aya mangpaatna jeung gedé gunana keur kahirupan, naon salahna mun éta papagon-papagon kolot baheula téh ditulad. Paling copelna, dipaké eunteung pikeun mangsa pikahareupeun, supaya anak incu generasi sapandeurieun urang salamet.

Mangga nyanggakeun…! Wallahu ‘alam bishawab… Cag ! *

SESERAHAN (Bahasa Sunda)

Bismillaahirrahmaanirrahiim,
Assalamu'alaikum Wr.Wb.
Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli.
Para wargi anu sami dimulyakeun ku Alloh, sumangga urang sami-sami nagdo'a ka nu kagungan ieu alam katut sapangeusina, urang neda jiad ijabahna mugia ieu pamaksadan ginanjar karahayuan.
Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan asmana sepuh miwah kulawargina cep..........Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim kuring saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru pasir, tanding julang muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana.
Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu ludeung, nu hoream datang nyorangan, pun anak wasta................ Inyana, mun peuting teu genah cicing, mun beurang teu puguh lampah, suda dahar suda polah, henteu puguh rarasaan. Singhoreng sabada dititenan, cenah katiir jamparing asih, karuncang panah asmara, bareuh asa nyanyautan. Langkung ti kitu cenah, parantos titp asih nunda subaya, nyumponan jangji pasini, sadusikum ka bale nyungcung. Kantos nyobi-nyobi diheureuyan, nguji pamadegannana.disisilihan wanoja lian. Singhoreng gilig pikir buleud tekad, teu kalis ku nu gareulis, teu sadrah ku dibeberah, majarkeun teh, mun abdi pareng jadi jeung anjeuna, bangun moal pegat son, ari margi, duriat mandean gunung, cinta mandean sagara, kembang cinta terus mangkak, leleb moal manggih ganti, geus saati geus sapikir. Kumargi sakitu atuh mangga ieu nyanggakeun pun anak, mugi kebesan keresa nampi. Geus puguh galurna catur, negmbat papayan sajarah puguh gigirangannana. Mun kitu titis tulis ti ajali, jodo rusiah pangeranteu aya nu mustahil. Mung hatur uninga, pun anak teh badag soteh warugana, elmuna mah hejo tur bangbangan keneh, masih didikeun atikeun kalayan kasobaran. Percanten ka ki besan nu landung kandungan laer aisan, leuleus jeujeur liat tali.
Kalih ti eta deuiah, cundukna ieu si utun datangna ieu si ujang, estu lugag-legog bari lengoh datang bari keupatnampah, teu aya jingjing bawana. Sakadar ugal egol nyoren pestol, mamanggul talutug nahun, aseuk maneuh pancir waris, nini aki. Bahanna ti paku jajar, waja perak beusi akas, disipuh ku kayu garui dipancaran ku samida, matih beunang nganaatan. Hatur lumayan, keur ngaseukeun bibinihan, binih asih tangkal duriat, di huma leuweung larangan nu aheng kabina-bina tacxan kagadabah jalama. Kibesan! Dalah dikumaha atuh, sakieu geuning buktina, dibeber-beber kalah soeh, dikenyang-kenyang karah bedah, lieuk euweuh ragap taya> mung tekad ngakar maneuh jero manah meleuleuheungkeun tuang putera, rek dipetik dipimilik, dipajang dina jambangan, didamel jimat paripih. Mung tamba pamali teuing, nyanggakeun saaya-aya, batok kohok, piring semplek, beas sasiki, gula sapasi, paris ipis tamba tiris, sendal capit keur ka cai. Sanes teu nyaah sanes teu hormat ka si Ujang ka si nyai, sakieu geuning buktosna, tumamprak sadaya-daya.Mungguh sepuh sakadar sumambung du’a, dahupna ieu barudak aya dina akajanglaran, sial dangkalna, sue naasna, geus ditalangan ku apana ku emana, barudak mah mugia laki rabina dipareng panjang punjung panjang yuswana ginuluran karahayuan, negrak di hanjuang siang.
Sakali deui nyanggakeun ieu pun anak, mugi ditampi sapamakasadannana, paripaos getihna satetes, ambekananana nu sakesotan, indit peuting miang beurang, labuh di curug, rag-rag di jungkrang, dengdek mahekun condong namp[lokekeun nyanggakeun ka ki besan nu wijaksana.
Pungkas asur, beurat hate hese kacap, teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi tangeh rek nepi, nyanggakaun sadaya-daya, cag dugi kadinya.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.


Panampian Calon Panganten Pameget

Asalamu’alaikum Wr. Wb.
Bismillah, alhamdulillah, lahaula wala quwwata illa billaah,

Sabada simkuring ngahaturkeun salam ka sugri nu hadir, rohmat sareng salam urang haturkeun ka jungjunagan alam Rosulullah SAW, ka kulawargina miwah para sohabatna. Purwa pamaksadannana, sim kuring seja sasanggem, kedal lisan panampian, ngawakilan mutlak keresana Bapa... miwah ibu. Ka para sesepuh hormateun sim kuring, ka nu weruh di tempatna, ka nu reugreug dipageuhna, utamina ka kersana besan sarombongan. Tinangtu anu bakal kapihatur, estu tebih ti utami, anggang ti kasampurnaan ari margi, sim kuring sanes ahlina dina widang ieu, mung piraku ari kedah medal sila onaman. Kukituna mugia sih hampurana ti sadayana. Pangersa besan jaler istri , tamu-tamu nu sami dimulyakeun ku Allah. Tadi sami-sami nyakseni, pamaksadan ki tamu nu didugikeun ku wawakilna, nganggo runtuyan miwah ungkara basa nu ngabujangga, leubeut ku rekaan basa nu merenah, beuneur eusina jembar pedarannana, atra anu dipimaksadna. Paingan aya kila-kila, si jalak ngelak, si kate beger, kukupu ngier ngiberan titingalan sing rarikang. Sihoreng baris cunduk tamu nu ditunggu-tunggu tikapungkur, undur taun datang bulan, ayeuna ugana datang.
Alhamdulillah, kabingah sesah bangsana, suka ati pilih tanding, ringkesna mah ditampi sapamaksadan. Ki Besan, naha anduk-anduk teh bet kalalanjoan, di dieu ge sami-sami, sakieu geuning buktina, sanes teu nyaah, sanes teu hormat ka si ujang ka ki besan, dalah dikumaha atuh sami nyanggakeun sadaya-daya.
Ka si Kasep, deudeuh teuing hidup anaking, cunduk dituyun ibu, datang dijajap ku rama, kalih diabring ku kadang wargi. Ieu hiji tawsi , maksad hidep kenging pang rujuk ti sepuh, pidu’a ti kadang warga. Apa sareng ema di dieu, teu ngahero jonghok rebo ku gembolan, ringkid kerid ku jingjingan, kulit awi sesebitan, nu diantio jinis jisimna sawiji, jasad tunggalna nu saurang, ujamng wasta cep...... jajaka nu titih surti ngaji rasa, nu duduga tur peryoga, teu renjagan teu gembangan, estu teguh pamadegannana.
Ditampi kasep, mola rek disaha-saha, diangken anak pituin, heg geura pelakan tuh gunung nu masih gundul, pasir nu masih bulistir, sawah anu lawas ngahgar, ku madu ka asih, muga-muga hejo lembok, lir ibarat bibit tumuwuh di tanah subur. Mung eta nu ulah kakantun teh, parabot nu boga pamor, senjata nunggal talutug nahun tea, seukeut teu karana diasah, keur mencug batu nugar cadas, di dieu geus sayagi pihumauen asukaneun.
Ki Besan!
Mangga urang sami-sami ngadu’a, dahupna ieu barudak muga manjing wanci ninggang uga, diparengkeun camperenik buncir eusi, ngarandah mamanggaran, renung sirungna, mayakpak cangkokannana.
Amin ya Robbal ‘alamiin.
Sakali deui ditampi sapamaksadan.
Cag.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.


Wuwuruk Ka Panganten (Sungkeman)
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Washalatu wassalamu ala asrofil anbiyaai wal mursalin, wa’ala alihi washahbihi ajmain.
Allahumma alif baenahuma kama alafta baena Yusuf Wajulakha, waalif bana huma kama alafta benal walmasysyalji warzuklahuma taofiq dzurriyatan toyyibah.
Pangersa para tamu hormateun sim kuring, hadirin tamu uleman nu sami dimulyakeun ku Allah, atra tur pertela ngembang boled, ucap panata acara, yen sim kuring dipancen gawe, kedah nyuluran sohibul hajat, ngadugikeun tungkusan qolbu, ku piwuruk pitutur, miwejang pala putrana nu nembean diistrenan. Kantenen pancen gawe teu marele teu manjing kanggo sim kuring, ari margi kangaranan ngawurukan nu laki rabi, kedah ku jalmi nu

4/15/2009

bubuka

Dangdanggula
1. Bismillahi kawitaning muji
Muja nyebat asma Pangeran
Nu welas asih ka kabeh
Ngurus sadya mahluk
Eusi alam taya nu kari
Gusti urang sadaya
Geusan sumalindung
Ka bingah sareng ka sesah
Nu karaos musibat ageung jeung alit
Mantna nu ngraksa.

2. Sabdana mumuji ka Gusti
Ngahaturkeun salam miwah Rahmat
Ka panutan Rosululoh
Nabi agung panutup
Muhammad kakasih yang widi
Rahmat sadaya Alam
Ku Gusti di wuwuh
Kitu dei pra Sahabat
Abu Bakar, Umar, Usman sareng Ali
Sami kenging Rahmat.

3. Neda widi kanu sami linggih
Jisim kuring permios sakedap
Bade nyelang heula nyawer
Minangka turun kaul
Ka panganten jaler istri
Etang-etang hiburan
Tatali karuhun
Sugan aya pawedahna
Ka panganten sare ng sadayana nu
Linggih nya ieu piwulangna.
9. Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar nya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
11. Ceuk babasaan runtut raut
Ka cai jadi sa leuwi ( bareng mandi )
Ka darat jadi salebak ( bareng solat )
Sapapait sa mamanis
Hirup loro jadi tunggal
Tegas dua jadi hiji.
12. Seuneu teh tegesna panas
Nu sok ngancik dina jirim
Di sindirkeun na harupat
Ulah getas heureut pikir
Mun hurung geuwat pareuman
Banjur ku dayaning cai

13. Cai kendi tiis pasti
Hartina sabaring ati
Tiis dingin paripurna
Seuneu pareumna ku cai
Napsu pepesna ku sabar
Wekasna rintih panggalih.

14. Ulah rek ngalajur napsu
Amarah kudu dipahing
Sing daek silih eledan
Sangkan layeut jeung ngahiji
Taya halangan harungan
Odoh bahla parek rijki

Asmarandana
15. Hidep teh omat anaking
Ulah rek ditarurutan
Adat hayam estu goreng
Jeung batur teu sauyunan
Estu aing-aingan
Jalma kudu rea batur
Singkahan tabe’at hayam

Durma
16. Utamana jalma kudu rea batur
Keur silih tulungan
Silih titipkeun nya diri
Budi akal lantaran ti pada jalma

Dangdanggula
17. Ekek sato rik-rik sarta gemi
Usum panen daek teuteundeunan
Rupa ning pare jeung jagong
Dina gawokna pinuh
Mun di jalma ibarat leuit (gudang)
Sangkan dina paila
Teu ngarasa bingung
Da aya pasadiaan
Ekek ngarti tas suka sok datang sedih
Tas loba jadi suda

4/13/2009

10 Jalmi anu Dijamin lebet ka Surga (Bahasa Sunda)

10 Sahabat yang Dijamin Masuk Surga

Sahabat Rasululloh SAW anu dijamin lebet kana sawarga anu dumasar kana hadits : ka cutat dina “ arriyadoh anadiroh fi manaqibil isyarah” ti sahabat abu dzar ra. Sayaktosna rasulallah lebet ka bumina Aisyah ra, sareng mantena dadawuh: Hai Aisyah, naha hoyong anjeun ngadangu kabar anu nyanak kana kabagjaan? Aisyah ra ngawaler tangtos ya rasulallah.” Lajeng kangjeng nabi dadawuh.” Aya 10 jalmi anu kenging kabar anu matak ngagumbirakeun yen mantena bakal lebet kana sawarga, nyaeta, rama anjeun lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta Ibrahim; Umar lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta nuh; Utsman lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta simkuring (Rasulallah); Ali lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta Yahya bin Zakariya. Thalhah lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta daud; Azubair lebet kana sawarga rencangna sinareng Ismail, Saad lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta sulaiman; said bin zaid lebet kana sawarga rencangna sinareng Musa bin Imran; abdurahman bin auf lebet kana sawarga rencangna sinareng Isa bin maryam; Abu ubaidah ibnul jarrah lebet kana sawarga rencangna sinareng Isris alaihi salam.”

Kisah singkat 10 Sahabat


1. Abu Bakar bin Abi Qohafah (Assidiq)

Nyaeta salahsawios ti kafilah Quraisy ti kafilah anu sami sinareng rasulullah, mung benteun keluarga. Upamina abu Bakar asal asalna ti keluarga tamimi, upami rasulullah ti kulawargi Hasyimi. Kautamaan ti abu bakar nyaeta mantena salasawios pedagang anu pisan ngajagana tina kahormatan dirina. Mantena jalmi anu memang beunghar, anu ngagaduhan pangaruh anu pisan oge ngagungan akhlak anu mulia. Sateacan sumpingna islam manteuna nyaeta sahabat rasulalah anu ngagaduhan karakter anu sami sinareng rasulallah// teuacan aya jalmi anu nyakseni abu bakar ngaleuuet arak, atanapi nymbah kana patekong. dugika teu matak pikareuwaseun upami mantena janteun khalifah anu pang awalna saba’dana rasul pupus. Rasulallah sok ngutamikeun abu bakar ti nimang sahabat-sahabat nu sanesna dugika mantena memang pinunjul tinimang anu sanesna.
aya salah sawios hadits anu nguni keun ka abu bakar nyaeta: Saumpamina di timbang abu bakar sareng kaimanan sadaya umat tangtos wae bakal langkung abot kaimanana abu bakar. (H.R. Al baihaki)

Al-quran oge seeur pisan nu ngisaratan kana sikep sinareng lalampahan nana sapertos anu kacatur dina ayat alquran tangtos wae dawuhan Allah Qs Al-lail 5-7, 17-21, fusilat 30 ataubah ayat 40. Dina waktos anu enggal mantena ngajabat salaku khalifah abu bakar parantos seeur pisan ngarobihna kahirupan kaum muslimin, merangan nabi palsu, sinareng kaum muslimin anu teu kersa mayar zakat. Dina waktos anjeuna ngajabat salaku pamarentah parantos ngawalan nyeratkeun al-quran dina lambaran-lambaran.

2. Umar Bin Khattab

asal mantena ti kabilah anu sami sinareng Rasulullah SAW sinareng masih keneh saturunan nyandakna ti ka’ab bin luai. Umar bin khatab lebet islam saparantosna pendak sareng raina nyaeta Fatimah sinareng carogena raina nyaeta Said bin Ziad dina tahun ka genep kanabian sareng sateuacan Umar parantos aya 39 pameget sinareng 29 istri anu lebet Islam. Disaantero kaumna umar kasohor hiji jalmi anu pinterpisan dina diskusina, dialog, mutuskeuen seeur pasualan sinareng anu memang ngagaduhan emosi anu tempramen tur galak. Saparantosna umar lebet islam. Dakwah salajengna dilaksanakeun kalayan terang-terangan. Kitu oge dina waktos Hijrah umar kalebet jalmi anu ngiring hijrah sacara terang terangan. Mantena ngahaja angkat dina waktos siang sinareng ngalangkung ka payuneun jalmi-jalmi Qurais. Pas mantena ngalangkung umar nyaios ka golongan qurais sareng anjeuna nyanggem kuring bade ninggalkeun kota mekah sareng bade nuju ka madinah. Jeung sing saha jalmi anu hoyong ibuna kaleungitan putrana atanapi putrana hoyong janten yatim. Mangga halangan kuring di sapengkereun lembah iyeu! Ngadangu cariosan umar teuaya sajalmi oge anu wantun nuturkeun komo deui nyegat umar di tengah jalan. Seeur cariosan umar anu dilereskeun ku Allah sareng nurunkeun firmanNa sapertos dina waktos kajanteunan pupusna abdulah bin ubay (QS 9:84), atanapi dina waktos perlakuan kanujanteun tawanan perang waktos perang badar. Pendapat ti umar dilereskeun Allah ku turuna ayat 67 surat Al-Anfal.

Salaku khalifah, Umar nyaeta hiji jalmi anu memang merhatoskeun pisan kana kasejahteraan nu janten umat. Dugika unggal wengi manteuna sok nguriling ngahawatoskeun bilih aya jalmi anu teuacan ka perhatoskeun dina ekonomina. Dugika islam nyebar kaluar ti jazirah arab.

3. Utsman Bin Afan

Salah sawios hadits anu ngagambarkeun pribadi utsman : hiji jalmi anu paling nyaah diantara umat kami nyaeta abu bakar. Sinareng anu paling teguh kana ajaran islam nyaeta umar, sinareng anu paling ngagaduhan sifat isinan nyaeta utsman. (H.R. Ahmad ibnu majah, Al Hakim, At,tirmidzi.) Utsman nyaeta hiji jalmi anu dermawan, dina sawaktos perang utsman kantos ngabiyayaan perang ku nyalira. sAparantos kaum muslimin hijrah dina waktos hese pisan cai utsman dugika meser sumur cai ti bangsa yahudi kanggo kapentingan kaum muslimin. Dina waktos manteuna janten kholifah mantena anu nagrintis kanggo ngamashafkeun Al-quran. Tina lamaran-lamaran anu dikawitan di serat ti masa khalifah abu bakar.

4. Ali bin Abi thalib.

Hiji pamuda anu paling awal lebet kana islam manteuna anu ngagentosposisi rasulullah di tempat bobona sawaktos anjeuna hijrah. Ali ditikahkeun ku rasullaloh ka putrid anu dipikanyaahna nyaeta Fatimah. Ali hiji jalmi anu memang sederhana dina lalampahannana.

5. Talhah bin Ubaidilah

Dina wakos perang uhud manteuna kakeunaan langkung ku 70 sabetan pedang dugika anjeunateh kantos buntung Ramona. Nanging thalhah anu ngagaduhan awak simar dada tur keker oge kuat pisan thalhah anu ngajaga rasulullah dina waktos kaayaan anu genting pisan. Mantena anu mayang rasulullah anu salirana balokoran geutih sawaktos naek ka bukit uhud anu aya di akhir peperangan dina waktos kaum musyrikin ararindit ninggalkeun kana eta peperangan margi parantos yakin yen kaum musyrikin sayaktosna rasulillah parantos pupus. Dina waktos eta thalhah nyarios ka rasulullah ku abdi di tebus ya rasulullah ku ibu rama abdi” rasul imut ngagelenyu bari dadawuh. Ari anjeun nyaeta thalhah anu pinuh ku kasaean. Dina waktos eta thalhah ngagaduhan hiji landihan Manuk heulang dinten uhud. Rasulullah kantos dadawuh ka para sahabatna.” Jalmi iyeu kalebet anu gugur sareng sing saha jalmi anu memang bagja ningal hiji jalmi anu syahid maka mangga tinggal thalhah.

6. Azzubair bin Awam,

Mantena lebet islam dina waktos yuswa 15 tahun sinareng hijrah dina yuswa 18 taun, oge mantena dugi ka di siksa ku pamana nyalira. Jiwa pahlawan Azzubair awalna katinggal dina waktos perang badar dina waktos pa payun-payun sinareng Ubaidah bin Said Ibnul ash. Azzubair tiasa numbak kadua socana dugika anjeuna ngagubrag teu tiasagerak deui. Hal iyeu anu ngajantenken musuh ngadegdeg kasieunan.
Rasulallah memang mikacinta pisan ka zubair bin awam mantena kantos dadawuh “ satiap nabi ngagaduhan umatna anu memang satia (Hawari), sinareng hawari kami nyaeta azzubair ibnu awam.” Azzubair nyaeta caroge asma binti aubakar anu ngajajap tuangeun dina waktos rasulullah nuju hijrah sinareng ramana. Dina waktos khalifahan Umar dina waktos panglima nuju mayunan tantara romawi di mesir amer bin ash nyungkeun bantosan ka amirul muminin. Umar ngintunkeun 4000 prajurit anu dipimpin opat komandan. Opat komandan?? Maranteuna ubadah ibnu asamit, almiqdaad ibnul aswad, Maslamah bin mukhalid, azzubair bin awam, Alhamdulillah marantena kenging dina pangperangannana.

7. Abdurahman bin Auf

Manteuna ngarupikeun hiji pedagang anu memang sukses, tapi sawaktos manteuna hijrah manteuna ngantunkeun sadaya hartana anu parantos di kempelkeun anu sakitu lamina. Tapi kumargi manteuna memang jalmi anu sukses di madinah oge manteuna janteun jalmi anu kaya oge. Dina waktos manteuna pupus wasiat manteuna nyaeta ti saban jalmi anu ngiring perang badar anu masih keneh jumeneng supados di bagi artos 400 dinar. Sementawis anu masihkeneh jumeneng sekitar 100 jalmi diantawisnanyaeta Ali sinareng Usman. Manteuna oge ngawasiatan supados hartana di pasikeun ka umahatul muslimin, dugikeun ka Aisyah ngadoakeun ka manteuna. Mugia Allah masihan cai ka manteuna cai ti mata cai salsabil di sawarga.


8 Saad bin abi waqqas

Nyaeta jalmi anu pangawalna ka keunaan panah fisabilillah, hiji jalmi anu kaislamanana anu dilarang pisan ku ibuna. Tapi tetep anceg pageuh dina kaislamanana.

9. Said bin Zaid,

Rai ipar Umar, nyaeta hiji jalmi anu di didik kunu janteun ramana anu kenging bihayah islam anu teu nglangkungan kitab atanapi nabi anjeuna sapertos Salman Alfarisi, sinareng abu dzar algifari. Seeur jalmi anu lemah kumpul di bumi manteuna kanggo ngengingkeun katentreman sinareng kaamanan, oge kanggo ngicalkeun rasa lapar, margi mantena hiji sahabat anu bageur oge berehan.

10. Abu Ubaidah Ibnul Jarrah,

Anu pada akhirna kersa ngabunuh anu janteun ramana dina waktos perang badar, dugika Allah nurunkeun surat Al mujadlah :22 kitu oge dina waktos perang uhud manteuna anu nyabut beusi anu sekeut anu nanceb dina dua rahang kangjeung rasul. Sarng ku kitu manteuna rela kaicalan waosna. Manteuna dipasihan gelar nyaeta anu nyepang amanat umat sapertos dina dawuhan rasul. Tiap-tiap umat aya jami anu nyepeng amanat ummat sareng anu nyepeng amanat eta nyaeta abu Ubaidah Ibnu jarrah.