Laman

5/05/2009

3 Lengkah sangkan hirup teu sarakah

ti: Abah bandung

Salah saurang shahabat kantos sumping kapayuneun Nabi SAW, lajeng tumaros : “Ya Rasulullah, mugi masihan terang ka jisim abdi, hiji amalan anu tiasa ku jusim abdi diamalkeun, bari dipikicinta ku Allah SWT sareng dipikacinta ku sakumna umat manusa ?”. Waleran Rasulullah SAW : ”Anjeun kudu hirup di alam dunya ieu kalayan zuhud, teu kaleuleuwihi, tinangtu bakal dipikacinta ku Allah SWT, jeung poma ulah sarakah kana naon-naon anu aya dina leungeun manusa, tinangtu anjeun bakal dipikacinta ku sakumna umat manusa”. (HR. Ibnu Majah)

Manusa teh umumna, mun teu rek disebut karereaanana mah, kaeunteupan ku sifat sarakah jeung hawek, ari nu jadi marga lantaran, nyaeta, dina nyorang kahirupan sapopoena teu weleh nutur-nuturkeun pangajak hawa nafsuna wungkul, keuna kana paribasa “Dibere sajeungkal hayang sahasta, dibere sahasta menta sadeupa”, kitu jeung kitu we, taya pisan kaseubeuhanana.

Kasenangan hirup di alam dunya nu teu weleh jadi udaganana, malah umumna mah jadi panyileukan sakabeh ummat manusa, sok sanajan beda cara ngokolakeunana, malah beda cara ikhtiarna, bari tangtu beda ngalarapkeunana oge. Aya nu sineger tengah bari rikrik gemi, ngeureut neundeun, saeutik mahi loba nyesa, aya nu awuntah sarta sarakah bari hawek jeung rerebut dipasieup ku ceceremed sagala rupa, malah sok teu ngingetkeun deui di batal haram..
Sarakah teh sumberna tina hawa nafsu nu hayang ngawasa harta banda anu taya wilangan, bari anehna sifat kieu teh taya anu nyugemakeun hatena, dina harti jalma anu katerap ku panyakit sarakah ieu, teu weleh hareudang bayeungyang dina nyorang kahirupan sapopoena, ari nu jadi marga, salawasna teu weleh ngarasa diudag-udag kabutuh pikeun ngabayuan kahirupanana, anu weleh ngarasa can kacumponan keneh bae.

Hiji bukti yen urang umumna salaku manusa, mibanda sifat-sifat sarakah model kieu teh, nyaeta kalolobaanana, urang sok miharep, mun kongang mah umur teh sing tepi ka sarebu taun. Ngabuktikeunana mah gampang, waktu urang ta’jiyah kanu kapapatenan geura, sok iker-iker, ku hate we heulaanan, tara aya jorojoy weh dina hate teh, emh… boa isukan mah urang sorangan anu ngajelepeng teh, isuk mah urang nu ngababatang jadi layon teh.

Da ka keukeuh we, isuk pageto ge, ngan batur keneh bae nu sok diiker-iker jadi layon nu ngababatang teh, urang mah asa jauh keneh bae, asa panjang keneh bae lalakon teh, da cek tadi tea, asa rek sarebu taun urang mah kumelendang di alam dunya teh.

Padahal jentre, firman Allah dina Surat Al Baqarah ayat nu ka 96, kieu unggelna : “Walatajidan nahum ahrashan naasi ‘alaa hayaatin, waminal ladziina asy rakuu, yawad du ahaduhum lau yu ‘ammaru alfa sanatin, wamaa huwa bimuzah zihi hii minal ‘adzaabi ay yu ‘ammara, wallaahu bashiirum bimaa ya’ maluun”. Jeung satemenna hidep bakal bisa ngabuktikeun yen maranehna teh nu pangsarakah-sarakahna kana kadunyaan, malah leuwih sarakah batan jalma-jalma anu malusyrik. Maranehna harayangeun hirup sarebu taun sewang padahal umur panjang teh hamo bisa dipake panyinglar siksaan. Jeung Allah teh Maha Uninga kana saniskara amal maranehna.

Loyog tur pantes mun harepan umur anu panjang teh, heg ku urang digunakeun pikeun nambahan ibadah ka Allah SWT, tapi kumaha mun kanyataan sabalikna, saupamana bae, umur anu panjang ieu teh ngan wungkul digunakeun dina kamaksiatan, da yakin, nu model kieu mah kadituna teh, ngan ukur jadi nambahan kasusah dina kahirupanana ge, sarta bakal nampa pangwales, anu mangrupa siksaan atawa azab ti Allah SWT di alam akherat jaga.

Saur Nabi SAW : “Khairun naasi man thaala ‘umruhu wa hasuna ‘amaluhu, wa syarrunnaasi man thaala ‘umruhu wa saa –a ‘amaluhu”. Manusa anu pang alusna, nyaeta anu panjang umurna sarta alus ibadahna, jeung manusa anu pang goreng-gorengna, nyaeta anu panjang umurna tapi goreng amal pagaweanana”. (HR. Ahmad)

Manusa anu mibanda sifat sarakah bari jeung hawek kana urusan kadunyaan, biasana dina jero hatena teu weleh miharep kana pamere batur, malah tampolana anu mibanda sifat model kieu mah, teu weleh ngarasa kurang keneh bae, kana sagala rupa anu geus katampa jeung kapimilikna.
Padahal Rasul SAW mah, ngajarkeun pikeun umatna teh, sangkan dina hate sakumna umatna aya yakinan, yen rijki anu paling alus teh nyaeta rijki tina hasil ladang kesang sorangan, rijki tina hasil paeh poso sorangan, rijki anu meunang tina hasil, dibelaan hulu dijieun suku, suku dijieun hulu, rijki tina hasil leungeun sorangan, lain tina hasil namprak kaditu-kadieu, komo nu ngan ukur tina hasil jajaluk wungkul mah.

Saur Nabi SAW : “Maa akala ahadun, tha ‘aaman khairaa, min ay ya- kula min ‘amali yadihi”. Taya saurang oge anu ngadahar dahareun anu pangalusna, kajaba ngadahar dahareun tina hasil usahana sorangan. (HR. Ahmad – Bukhari)
Sedeng ari jalma anu sarakah bari hawek mah, dina hatena nu bakal ngajorelat teh ngan wungkul kadunyaan malulu, dina hate jeung pikiranana nu aya teh ukur ngareka jeung ngaropea kumaha carana mibanda ieu dunya.

Hirup medah-meduh, bari bru dijuru bro dipanto, dikumplitan ku tahta jeung jabatan nu jadi implengan beurang peuting, matak teu aneh, leuwih sagala nyampak harta hiji jalma, leuwih nambahan tahta jeung jabatanana, bisa leuwih sarakah eta jalma kana urusan kadunyaan, bari jeung hawekna beak kadaek.
Hal saperti kieu kaalaman ku Qarun, jalma miskin bari taat ibadah ka Allah SWT, nepi ka Nabi Musa harita ngaraos ngahelas, pedah katingali ku leketna ibadah, dugi ka masihan elmu kimia nepi ka mampu Qarun mibanda kaahlian ngolah emas-emasan, Qarun anu awalna ngan ukur jalma msikin laun-laun jadi jalma kaya sing sarwa nyampak. Tapi kakayaan anu dipibandana ieu anu ngalantarankeun lali kana purwadaksina, malah anu nyongcolangna teh ngan ukur kasarakahanana jeung hawekna wungkul, bari jeung kaniaya ka sasama kituna teh.
Teu saeutik harita ge jalma-jalma anu ngageuing jeung mapatahan Qarun, tapi nu geus katambias teh, kalah beuki mangprung, malah beuki sagala didupak, sagala dirempak, beuki mangprung, tunggul dirarud catang dirumpak, malah aya onjoyna, kasombongan, adigung-adiguna jadi pasipatan anyar, adam lali tapel, ngalanggar papagon lir taya wates wangenna.

Antukna Allah SWT ge nibankeun azab-Na anu taya wates wangenna pikeun mungkas kasombongan katut kaadigungan Qarun saperti kitu.

Kiwari ge, di lingkungan urang, teu saeutik jalma-jalma, atawa boa urang ge kaasup diantarana, anu teu weleh ngarasa halabhab ku kadunyaan, lir ibarat nu keur aus nginum cai laut, ngalekik we teu eureun-eureun, da beuki loba tikoro beuki garingeun.

Mungguh nu sarakah mah sanajan sagala nyampak geus sarwa loba ge, tapi antukna kasenangan teh weleh teu kapanggih bae, diudag lumpat didagoan cicing, sakitu rerebut taya kendatna, malah kakobet pisan ku wawangsalan mah, cenah, melak jarak jeung kaliki, keur galak sagala beuki.
Padahal dunya mah mahala mahayu, mahala lamun dipake ngumbar pangajak setan, mahayu lamun dipake syukuran ka Nu Maha Agung.

Ciri anu pangonjoyna katingali, ti jalma anu sarakah katut hawek ieu, upama aya nu sejen meunang kasenangan mangrupa karunia katut kahadean, tampolana jalma hawek katut sarakah mah, sok hayang kabagean bae tina hasil karunia nu sejen teh, bari soranganana mah taya hubungan naon-naon pisan ge.
Matak pantes mun Nabi SAW, dina Hadits nu diriwayatkeun ku Ahmad jeung At-Tirmidzi, kantos nolak tawaran Allah SWT anu keiu unggelna : “ ‘Aradha ‘alayya rabbi liyaj ‘ala lii bath ‘aa –a makkata dzahabaan, faqultu :” Laa yaa Rabbi, walaakin asy ba ‘u yaumaan, wa ajuu ‘u yaumaan, fa idzaa ju’ tu tadhar ra’ tu ilaika wadzakar tuka, wa idzaa syabi’ tu hamid tuka wasyakartuka”.

Allah nawarkeun ka kami, pikeun ngajadikeun Mekkah katut sabudeureunana jadi emas, Kami ngawaler, “Teu kedah Yaa Rabbanaa, jisim abdi mung ukur hoyong sadinten wareg nu sadinten deui lapar. Upami jisim abdi lapar, abdi tangtos neneda sareng salawasna emut ka Salira Gusti, sareng upami jisim abdi wareg, abdi tangtos tahmid katut tasyakur ka Anjeun Yaa Rabbanaa”
Pikeun urang sangkan ditebihkeun tina sifat sarakah katut hawek ieu, diantarana bae :

Kahiji : Amal pagawean, sing perecit deuih, kudu bisa ngeureut neundeun, henteu awuntah dina kahirupan sapopoe, seperluna ngabalanjakeun pikeun nafkah, pikeun jalma nu miharep kamulyaan, dibarengan ku sifat “qana’ah”, nyaeta sederhana dina waragad hirup katut nafkah kahirupan sapopoe.
Digawe, bari jeung temen wekel mah, komo bari perecit bibilintik, ngudag harta jeung tahta ge mo dilarang ku agama, nu dilarang mah nu tadi tea, sarakah jeung hawek kabina-bina.

Kadua : Ulah panjang teuing lamunan, ulah anteng teuing ngumbar lamunan jeung angen-angen, sangkan henteu genjlong teuing ngaleokna hate kana kabutuh katut kaayaan sapopoe.
Nu katilu : Mun urang geus manteng dina kayakinan yen dina pasipatan “qana’ah” teh bakal aya kamulyaan sarta teu dideukeutkeun pasipatan diri tina ngan ukur hayang barang penta wungkul, sarta bakal mumbul dina hate, kayakinan kumaha hinana, jalma anu pinuh ku kasarakahan jeung sifat hawek nu saperti tadi.
Kucara-cara anu disebutkeun diluhur, urang bakal salamet. Insyaa Allah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar