Laman

4/16/2009

Paribahasa sunda

#
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa béja lain leumpang maladra. = Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
#
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk péda. = Arék cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogé bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedé baé.
#
Landung kandungan laér aisan. = Gedé timbanganana, gedé pangampurana.
#
Langsung saur bahé carék. = Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.
#
Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan = pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.
#
Legok tapak genténg kadék. = Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
#
Leubeut buah héjo daun. = Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
#
Leuleus jeujeur liat tali. = Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
#
Leuleus Jeujeur liat tali. = Méméh mutus hiji perkara salah atawa bener ditimbang timbang heula alus goréngna supaya karasa adil.
#
Leunggeuh cau beuleum. = Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawéan.
#
Leutik burih. = Euweuh kawani.
#
Leutik cahak, gedé cohok. = Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gedé.
#
Leutik leutik ngagalatik = Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gedé, tapi lébér ku wawanén.
#
Leutik ringkang gedé bugang. = Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah saréréa.
#
Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét. = Hadé goréngna pikiran jelema hésé dikira kirana.
#
Lieuk euweuh ragap taya. = Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
#
Loba teuing jaksa. = Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
#
Lodong kosong ngelentrung. = Kalah ka loba omong baé, ari pangartina mah euweuh.
#
Luhur kuta gedé dunya. = Gagah tur beunghar taya kakurang.
#
Luncat mulang. = Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engké mah kitu.
#
Lungguh tutut. = Katénjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
#

Maléngpéng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung. = Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
#

Maliding sanak. = Hanteu adil, pilih kasih.
#

Manan Léwéh mending waléh. = Leuwih hadé wakca balaka batan diahir meunang kasusah.
#

Mangpengkeun kuya ka leuwi. = Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
#

Mapay ka puhu leungeun. = Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
#

Marebutkeun paisan kosong. = Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
#

Maut nyéré ka congona. = Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
#

Méré langgir kalieun. = Méré naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
#

Meuli téri meunang japuh = Nyair hurang meunang kancra. = Kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedé.
#

Meungpeun peureum ku ayakan. = Nyaho yén batur téh salah atawa migawé anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
#

Meungpeung teugeu harianeun. = Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
#

Miceun batok meunang coét. = Miceun nu goréng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé.
#

Mindingan beungeut ku saweuy. = Ari haté goréng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan haté nu goréng téa maksudna supaya ulah kaciri téa.
#

Mipit teu amit ngala teu ménta. = Maling boga batur.
#

Miyuni hayam kabiri. = Leutik burih babari sumerah éléh atawa lalaki nu babari sumerah ka awéwé.
#

Moal ceurik ménta eusi. = Keun baé mawa wadah anu gedé ogé da lain hayang loba dibéréna.
#

Mobok manggih gorowong. = Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
#

Mobok manggih gorowong. = Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun.
#

Monyét kapalingan jagong. = Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
#

Mopo méméh munggang. = Horéam, teu sanggup saméméh prak.
#

Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan. = Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
#

Mun teu ngoprék, moal nyapék. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih. = Lamun teu digawé niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
#

Mupugkeun tai kanjut. = Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.

2 komentar:

  1. sampurasuun...
    kang hapunten sateuacanna, sim kuring bade nyalin ieu seratan. kenggo pun adi gaduh pancen ti sakolana ngeunaan paribasa basa sunda.

    BalasHapus
  2. kang hapunten, pe er pun anak lieur, bade tumaros weh :
    pelengkung bekas nyalahan
    hiber memeh jangjangan
    muragkeun dewegan ti luhur

    BalasHapus