Laman

4/12/2009

Ibnu katsir

Opening……
lagu 1

Take I

Ibnu katsir
Nami lengkep mantena nyaeta Abul Fida, Imaduddin Ismail Umar bin Katsir al-Quraisyi alBushrawi ad-Dimasyqi. anu langkung dikenalna nyaeta Ibnu katsir. Manteuna lahir dina taun 701 H di hiji kampung anu janteun bagian ti kota bashrah di nagari Syam. Dina waktos yuswa 4 taun, nu janten ramana mantena pupus anu salajengna ibnu katsir di rorok ku amangna. Dina taun 706 H, dugika mantena ngalih ka kota Damaskus.

Lagu 2

Take II

Riwayat Pendidikan


Ibnu Katsir minangki dugi ka ageungna di kota Damaskus. Di kota damaskusteh mantena seeur nyiar elmu ti para ulama anu mukim di eta kota. Salah sawiosna nyaeta Syekh Burhanudin Ibrahim al-Fazari. Mantena oge ngambah di pagurona Isa bin Muth”im, Ibnu Asyakir, Ibnu sairazi, Ishak bin Yahya bin Al-Midi, ibnu Zarrad, al-Hafizh adz-Dzahabi sareng syaikhul islam Ibnu Katsir. Salian ti eta manteuna oge diajar ka syaikh al-Mizi ieu aoge dugika nikahkeun putraina ka ibnu Katsir. Oge salian ti di damaskus, manteuna oge diajar di kota mesir sareung kenging izazah ti paraulama satempat.

Lagu 3

Take III

Prestasi Keilmuan

Saking ku jununa dina nyiar elmu, tngtungna manteuna janteun ahli tafsir anu kasohor sa alam dunnya. Ahli hadits, ahli sajarah, oge ahli fikih anu kasohor dina wangsa abad ka 8 Hijrah. Kitab anu dikarang ku manteuna nyaeta dina widang tafsir nyaeta Tafsir al-Quran al-‘azim janten kitab anu pang ahengna oge pang sohihna dina waktos eta oge dugika waktos iyeu. Di sagedengeun kitab anu dikarang ku Muhammad bin jarir ath-thabrani.
Para ulama nyariosken yen ibnu katsirteh nyaeta sasae-saena tafsir anu aya di jaman ayeuna kumargi seeur pisan kaistimewaannana. Kaistimewaan anu paling utami nyaeta nafsirkeun Al-Quran ku Al-Quran (ayat hiji sareng ayat anu sanes), nafsirkeun Al-Quran sinareng hadits, sareng ti cangkemna para salafu shalih nyaeta para sahabat, tabiin, sinareng tabiat, salajengna tina kaidah-kaidah bahasa Arab.

Lagu 4

Take IV

Karya Ibnu Katsir

Sajabi ngarang tafsir Al-Quran, manteuna oge nyerat kitab-kitab anu sanes anu memang ngagaduhan kualitas anu janteun rujukan kanggo generasi salajeungna, diantawisna nyaeta kitab al-bidayah wa an-nihayah anu lebetna ngeunaan kisah para nabi sareng umat-umat anu kapengkerna. Jami’ Al Masanid anu lebetannana ngeunaan kempelan hadits, ikhtisar ulum al-hadits ngeunaan elmu hadits, Risalah fi al-jihad ngeunaan jihad sinareng masih seeur deuikitab anu di karang ku manteuna.

Lagu 5

Take V

Kesaksian Para Ulama

Kaaliman sinareng kashalihannana anu janteun ibnu katsir tos diangkeun ku seeur ulama di wangkid eta atanapi ti ulama dina saba’dana. Adz-Dzahabi nyarioskeun sayaktosna ibnu katsir nyaeta salasawios mufti (Anu masihan fatwa), muhadits (Ahli hadits), ilmuwan, ahli fikih, ahli tafsir, sinareng manteuna oge pengarang kitab-kitab anu pisan mangfaatna.
Al-Hafiz Ibnu hajar al-ashkalani nyarioskeun yen anjeuna nyaeta hiji jalmi anu di sibukeun ku hadits, nganelaah matan-matan sinareng rijal-rijalna hadits. (Perawina), emutannana anu memang cerdas sinareng kiat, pinter ngabahas, hirup anjeuna pinuh pisan ku kasibukannana ku nyerat kitab, sareng saparantsna mantena pupus seeur jalmi anu tiasa nyandak manfaat anu seeur tina karya-karya anu di pidamel ku ibnu katsir.
Salah sawios murid mantena, syihabudin bin haji nyarioskeun, mantena nyaeta hiji jalmi anu kiat dina emutannana sinareng seeur pisan apalannana terutami dina ngeunaan matan sinareng lebetan hadits. Haditna mantena oge apal kana hadits anu cacat sinareng para perawina. Para sobatna sinareng guruna oge memang ngangken kana hal eta. Upami gaul sinareng manteuna, seeur jalmi anu ngalap manfaat tina kasaeannana.

Lagu 6

Take VI

Akhir Hayat

Ibnu katsir pupus dina tahun 774 H di damaskus sinareng di makamkeun pagedeng-gedeng sinareng makam guruna. Syaikhul islam ibnu taimiyah. Sok sanaos mantena tos teuaya di alam fana iyeu, tapi mantena bakal aya teras di sagedengeun umat manusa anu ngalap manpaat tina karya-karya manteuna.

Lagu 7

Closing……

(SUMBER: Majalah Tashfia, edisi 03/2006, hal.63-64)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar