Laman

4/11/2009

Islam di sunda datang samemeh dua abad wali sanga ( Bahasa Sunda)

islam di sunda datang samemeh dua abad wali sanga
“Tina naskah-naskah kuna tiasa dicindekeun agama Islam sayaktosna parantos sumebar di tatar Sunda jauh sateuacan Déwan Salapan aya,” kasauran Undang Darsa, M. Hum., salasawios ahli pilologi nu kawilang nyongcolang. Anu dimaksad Déwan Salapan ku ieu dosen Universitas Padjadjaran (Unpad) Bandung téh taya sanes ti Wali Sanga.
Dina naskah Carios Parahyangan (abad ka-16 katompérnakeun) upamina disebatkeun di tatar Sunda anu munggaran ngagem agama Islam téh Bratalagawa, putra kadua Prabu Pangandiparamarta Jaya Déwabrata atawa Bunisora Suradipati. Bratalagawa téh sodagar, sering lalayaran ka nagara-nagara nu jauh: Sumatra, Cina, India, Srilanka, dugi ka Arab.
Dina sajarah lokal di Cirebon, disebatkeun Bratalagawa saatos nganut agama Islam sareng ngalaksanakeun ibadah haji sumping deui ka tatar Sunda taun 1337 Maséhi. Katelah ku sebatan Haji Baharudin nu saparantos mukim di Cirebon oge nyebarkeun Islam dijulukan Haji Purwa Galuh, dumeh Bratalagawa téh urang Galuh munggaran nu munggah haji.
Abad ka-15, kinten-kinten taun 1416 Maséhi, di Tanjungpura (Karawang) badarat ulama ti Campa (Viétnam), Syéh Hasanudin nu tadina ngiring ka rombongan armada Cina nu dipingpin ku Laksamana Chéng Ho. Di Karawang, Syéh Hasanudin nu katelah ku julukan Syéh Quro ngadegkeun pasantrén.
Dina waktu nu sajaman, di Pasambangan, Amparanjati, cakeut Palabuan Muarajati (Cirebon) mukim Syéh Datuk Kahfi. Sami ngadegkeun pasantrén sareng nyebarkeun agama Islam. Taun 1470 Maséhi, Syéh Syarif Hidayatullah, nu ceuk sajarah lokal masih kénéh katurunan raja Sunda, nu lahir di Mesir, mukim di Cirebon.
Ti paro abad ka-15, Islam beuki sumebar di tatar Sunda, sanes ngan ukur di basisirna. “Anu diajarkeunana hakékat Islam, galeuhna atanapi inti ajaran islam. Naskah-naskah ti abad-16 dugi ka abad ka-17, sanaos teu nyebatkeun ajaran Islam, leubet téks naskahna kandel pisan ajaran kaislamanana,” saur Undang Darsa.
Ku raja-raja Sunda, saur Undang Darso, sumebarna agama Islam di tatar Sunda, henteu dipandang hiji ancaman. “Nu tangtos Prabu Wastukencana teu ngaharu biru Haji Purwa, Syéh Quro, Syéh Datuh Kahfi nu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Pantura Jawa barat. Asal teukenging ku cara paksa pirusa, ulah dugika ngabalukarkeun riributan,” kasaurannana.
Naon margina raja-raja Sunda, babakuna saparantos Wali Sanga ngalalakon, sapertos anu ngamusuhan ka Islam dugika dirurugna? “Sikep (raja-raja Sunda) kitu sanes sanes ditujukeun ka agamana. Ku Demak sareng Cirebon Islam tos dijantenkeun kakuatan pulitik,” saur Prof. Dr. Edi S. Ekadjati suwargi dina salahssawios tulisanana.
Undang Darsa nyebatkeun peperangan antara karajaan Sunda sareng Demak, Cirebon katut Banten sanes perang agama, tapi perang pilitik. “Sateuacan aya Déwan Salapan, Islam téh parantos sumebar ka wewengkon pagunungan bari kenging panangtayungan ti raja-raja Sunda. Atuh Sri Baduga Maharaja, dina sajarah lokal disebutkeun ngadahup ka Subanglarang nu geus ngagem Islam,” pokna.***(Nanang S.)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar