Laman

4/13/2009

10 Jalmi anu Dijamin lebet ka Surga (Bahasa Sunda)

10 Sahabat yang Dijamin Masuk Surga

Sahabat Rasululloh SAW anu dijamin lebet kana sawarga anu dumasar kana hadits : ka cutat dina “ arriyadoh anadiroh fi manaqibil isyarah” ti sahabat abu dzar ra. Sayaktosna rasulallah lebet ka bumina Aisyah ra, sareng mantena dadawuh: Hai Aisyah, naha hoyong anjeun ngadangu kabar anu nyanak kana kabagjaan? Aisyah ra ngawaler tangtos ya rasulallah.” Lajeng kangjeng nabi dadawuh.” Aya 10 jalmi anu kenging kabar anu matak ngagumbirakeun yen mantena bakal lebet kana sawarga, nyaeta, rama anjeun lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta Ibrahim; Umar lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta nuh; Utsman lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta simkuring (Rasulallah); Ali lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta Yahya bin Zakariya. Thalhah lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta daud; Azubair lebet kana sawarga rencangna sinareng Ismail, Saad lebet kana sawarga sinareng rencangna nyaeta sulaiman; said bin zaid lebet kana sawarga rencangna sinareng Musa bin Imran; abdurahman bin auf lebet kana sawarga rencangna sinareng Isa bin maryam; Abu ubaidah ibnul jarrah lebet kana sawarga rencangna sinareng Isris alaihi salam.”

Kisah singkat 10 Sahabat


1. Abu Bakar bin Abi Qohafah (Assidiq)

Nyaeta salahsawios ti kafilah Quraisy ti kafilah anu sami sinareng rasulullah, mung benteun keluarga. Upamina abu Bakar asal asalna ti keluarga tamimi, upami rasulullah ti kulawargi Hasyimi. Kautamaan ti abu bakar nyaeta mantena salasawios pedagang anu pisan ngajagana tina kahormatan dirina. Mantena jalmi anu memang beunghar, anu ngagaduhan pangaruh anu pisan oge ngagungan akhlak anu mulia. Sateacan sumpingna islam manteuna nyaeta sahabat rasulalah anu ngagaduhan karakter anu sami sinareng rasulallah// teuacan aya jalmi anu nyakseni abu bakar ngaleuuet arak, atanapi nymbah kana patekong. dugika teu matak pikareuwaseun upami mantena janteun khalifah anu pang awalna saba’dana rasul pupus. Rasulallah sok ngutamikeun abu bakar ti nimang sahabat-sahabat nu sanesna dugika mantena memang pinunjul tinimang anu sanesna.
aya salah sawios hadits anu nguni keun ka abu bakar nyaeta: Saumpamina di timbang abu bakar sareng kaimanan sadaya umat tangtos wae bakal langkung abot kaimanana abu bakar. (H.R. Al baihaki)

Al-quran oge seeur pisan nu ngisaratan kana sikep sinareng lalampahan nana sapertos anu kacatur dina ayat alquran tangtos wae dawuhan Allah Qs Al-lail 5-7, 17-21, fusilat 30 ataubah ayat 40. Dina waktos anu enggal mantena ngajabat salaku khalifah abu bakar parantos seeur pisan ngarobihna kahirupan kaum muslimin, merangan nabi palsu, sinareng kaum muslimin anu teu kersa mayar zakat. Dina waktos anjeuna ngajabat salaku pamarentah parantos ngawalan nyeratkeun al-quran dina lambaran-lambaran.

2. Umar Bin Khattab

asal mantena ti kabilah anu sami sinareng Rasulullah SAW sinareng masih keneh saturunan nyandakna ti ka’ab bin luai. Umar bin khatab lebet islam saparantosna pendak sareng raina nyaeta Fatimah sinareng carogena raina nyaeta Said bin Ziad dina tahun ka genep kanabian sareng sateuacan Umar parantos aya 39 pameget sinareng 29 istri anu lebet Islam. Disaantero kaumna umar kasohor hiji jalmi anu pinterpisan dina diskusina, dialog, mutuskeuen seeur pasualan sinareng anu memang ngagaduhan emosi anu tempramen tur galak. Saparantosna umar lebet islam. Dakwah salajengna dilaksanakeun kalayan terang-terangan. Kitu oge dina waktos Hijrah umar kalebet jalmi anu ngiring hijrah sacara terang terangan. Mantena ngahaja angkat dina waktos siang sinareng ngalangkung ka payuneun jalmi-jalmi Qurais. Pas mantena ngalangkung umar nyaios ka golongan qurais sareng anjeuna nyanggem kuring bade ninggalkeun kota mekah sareng bade nuju ka madinah. Jeung sing saha jalmi anu hoyong ibuna kaleungitan putrana atanapi putrana hoyong janten yatim. Mangga halangan kuring di sapengkereun lembah iyeu! Ngadangu cariosan umar teuaya sajalmi oge anu wantun nuturkeun komo deui nyegat umar di tengah jalan. Seeur cariosan umar anu dilereskeun ku Allah sareng nurunkeun firmanNa sapertos dina waktos kajanteunan pupusna abdulah bin ubay (QS 9:84), atanapi dina waktos perlakuan kanujanteun tawanan perang waktos perang badar. Pendapat ti umar dilereskeun Allah ku turuna ayat 67 surat Al-Anfal.

Salaku khalifah, Umar nyaeta hiji jalmi anu memang merhatoskeun pisan kana kasejahteraan nu janten umat. Dugika unggal wengi manteuna sok nguriling ngahawatoskeun bilih aya jalmi anu teuacan ka perhatoskeun dina ekonomina. Dugika islam nyebar kaluar ti jazirah arab.

3. Utsman Bin Afan

Salah sawios hadits anu ngagambarkeun pribadi utsman : hiji jalmi anu paling nyaah diantara umat kami nyaeta abu bakar. Sinareng anu paling teguh kana ajaran islam nyaeta umar, sinareng anu paling ngagaduhan sifat isinan nyaeta utsman. (H.R. Ahmad ibnu majah, Al Hakim, At,tirmidzi.) Utsman nyaeta hiji jalmi anu dermawan, dina sawaktos perang utsman kantos ngabiyayaan perang ku nyalira. sAparantos kaum muslimin hijrah dina waktos hese pisan cai utsman dugika meser sumur cai ti bangsa yahudi kanggo kapentingan kaum muslimin. Dina waktos manteuna janten kholifah mantena anu nagrintis kanggo ngamashafkeun Al-quran. Tina lamaran-lamaran anu dikawitan di serat ti masa khalifah abu bakar.

4. Ali bin Abi thalib.

Hiji pamuda anu paling awal lebet kana islam manteuna anu ngagentosposisi rasulullah di tempat bobona sawaktos anjeuna hijrah. Ali ditikahkeun ku rasullaloh ka putrid anu dipikanyaahna nyaeta Fatimah. Ali hiji jalmi anu memang sederhana dina lalampahannana.

5. Talhah bin Ubaidilah

Dina wakos perang uhud manteuna kakeunaan langkung ku 70 sabetan pedang dugika anjeunateh kantos buntung Ramona. Nanging thalhah anu ngagaduhan awak simar dada tur keker oge kuat pisan thalhah anu ngajaga rasulullah dina waktos kaayaan anu genting pisan. Mantena anu mayang rasulullah anu salirana balokoran geutih sawaktos naek ka bukit uhud anu aya di akhir peperangan dina waktos kaum musyrikin ararindit ninggalkeun kana eta peperangan margi parantos yakin yen kaum musyrikin sayaktosna rasulillah parantos pupus. Dina waktos eta thalhah nyarios ka rasulullah ku abdi di tebus ya rasulullah ku ibu rama abdi” rasul imut ngagelenyu bari dadawuh. Ari anjeun nyaeta thalhah anu pinuh ku kasaean. Dina waktos eta thalhah ngagaduhan hiji landihan Manuk heulang dinten uhud. Rasulullah kantos dadawuh ka para sahabatna.” Jalmi iyeu kalebet anu gugur sareng sing saha jalmi anu memang bagja ningal hiji jalmi anu syahid maka mangga tinggal thalhah.

6. Azzubair bin Awam,

Mantena lebet islam dina waktos yuswa 15 tahun sinareng hijrah dina yuswa 18 taun, oge mantena dugi ka di siksa ku pamana nyalira. Jiwa pahlawan Azzubair awalna katinggal dina waktos perang badar dina waktos pa payun-payun sinareng Ubaidah bin Said Ibnul ash. Azzubair tiasa numbak kadua socana dugika anjeuna ngagubrag teu tiasagerak deui. Hal iyeu anu ngajantenken musuh ngadegdeg kasieunan.
Rasulallah memang mikacinta pisan ka zubair bin awam mantena kantos dadawuh “ satiap nabi ngagaduhan umatna anu memang satia (Hawari), sinareng hawari kami nyaeta azzubair ibnu awam.” Azzubair nyaeta caroge asma binti aubakar anu ngajajap tuangeun dina waktos rasulullah nuju hijrah sinareng ramana. Dina waktos khalifahan Umar dina waktos panglima nuju mayunan tantara romawi di mesir amer bin ash nyungkeun bantosan ka amirul muminin. Umar ngintunkeun 4000 prajurit anu dipimpin opat komandan. Opat komandan?? Maranteuna ubadah ibnu asamit, almiqdaad ibnul aswad, Maslamah bin mukhalid, azzubair bin awam, Alhamdulillah marantena kenging dina pangperangannana.

7. Abdurahman bin Auf

Manteuna ngarupikeun hiji pedagang anu memang sukses, tapi sawaktos manteuna hijrah manteuna ngantunkeun sadaya hartana anu parantos di kempelkeun anu sakitu lamina. Tapi kumargi manteuna memang jalmi anu sukses di madinah oge manteuna janteun jalmi anu kaya oge. Dina waktos manteuna pupus wasiat manteuna nyaeta ti saban jalmi anu ngiring perang badar anu masih keneh jumeneng supados di bagi artos 400 dinar. Sementawis anu masihkeneh jumeneng sekitar 100 jalmi diantawisnanyaeta Ali sinareng Usman. Manteuna oge ngawasiatan supados hartana di pasikeun ka umahatul muslimin, dugikeun ka Aisyah ngadoakeun ka manteuna. Mugia Allah masihan cai ka manteuna cai ti mata cai salsabil di sawarga.


8 Saad bin abi waqqas

Nyaeta jalmi anu pangawalna ka keunaan panah fisabilillah, hiji jalmi anu kaislamanana anu dilarang pisan ku ibuna. Tapi tetep anceg pageuh dina kaislamanana.

9. Said bin Zaid,

Rai ipar Umar, nyaeta hiji jalmi anu di didik kunu janteun ramana anu kenging bihayah islam anu teu nglangkungan kitab atanapi nabi anjeuna sapertos Salman Alfarisi, sinareng abu dzar algifari. Seeur jalmi anu lemah kumpul di bumi manteuna kanggo ngengingkeun katentreman sinareng kaamanan, oge kanggo ngicalkeun rasa lapar, margi mantena hiji sahabat anu bageur oge berehan.

10. Abu Ubaidah Ibnul Jarrah,

Anu pada akhirna kersa ngabunuh anu janteun ramana dina waktos perang badar, dugika Allah nurunkeun surat Al mujadlah :22 kitu oge dina waktos perang uhud manteuna anu nyabut beusi anu sekeut anu nanceb dina dua rahang kangjeung rasul. Sarng ku kitu manteuna rela kaicalan waosna. Manteuna dipasihan gelar nyaeta anu nyepang amanat umat sapertos dina dawuhan rasul. Tiap-tiap umat aya jami anu nyepeng amanat ummat sareng anu nyepeng amanat eta nyaeta abu Ubaidah Ibnu jarrah.

1 komentar:

  1. Rupina sanes kafilah nanging kabilah manawi !
    Jenengan Abu Bakar nyaeta Abdulloh Bin Abu Quhafah Utsman.
    S.Umar kalebet bani Adi Bin Kaab Bin Luai.
    S. Usman kalebet Bani Amawy ( Umayah ).
    S. Ali kalebet Bani Hasyim.
    S. Thalhah , Sa'id sakabilah sareng Abu Bakar, myaeta kabilah Bani Taim.
    Zubair kalebet Bani Asad Bin Khuwailid.
    Sa'ad sareng Abdurrahman kalebet Bani Zuhro.
    Jenengan lengkap no. 10, Abu Ubaidah Amr ibnu Al Jarroh, kabilah Bani Amr Bin Luai.
    Sumber tina Siroh Ibnu Hiyam !
    RYS, TSM, 050911, 14.09 WIB

    BalasHapus