Laman

4/21/2009

Istri Shalihah (Da'wah Bahasa Sunda)

Istri shalihah nyaeta sasae-saena perhiasan dunia, ngelehkeun tumpukan Emas, inten permata oge perhiasan dunia anu sanes. Ngan saukur istri shalihah anu mampu ngalahirkeun generasi rabbani anu siap nanggung kana risalah Islamiah nuju puncak kajayaan.

Shalihah sinareng henteuna hiji istri gumantung kana kataatan kana aturan-aturan Allah. Aturan-aturan erta berlaku universal. Sanes bae pikeun istri anu parantos nikah, tapi oge kanggo rumaja istri. Maka mulia istri shalihah. Di dunia, manteuna bakal janteun cahaya pikeun kulawargana sinareng ngagaduhan peran ngalahirkeun generasi harepan. Saupamina manteuna pupus, Allah ngajanteunkeun bidadari di sawargana Allah. Kamuliaan istri shalihah digambarkeun ku rasulullah dina sabda nabimuhammad SAW, dunia iyeuteh nyaeta perhiasan, jeung sasae-saena perhiasan nyaeta istri shalihah”.(HR. Muslim

Dina Al-Quran surat An-Nur: 30-31, Allah swt. Masihan gambaran kanggo istri shalihah salaku istri anu tiasa ngajaga tina titingalianana. Manteuna pisanan taat ka Allah sinareng rasulna. Miakeup na nyaeta basuhan ci wudlu. Lipstikna nyaeta dzikir ka Allah. Sipat atanapi celak socana nyaeta nyeeyrkeun ningali kana al-quran.

Istri shalehah merhatoskeun pisan kana cariosannana. Teu aya dina sajarah na istri anu shalehah centil, cumentik, reusep cocorowokan lamun meunang mendak dina kabagjaan. mantena tangtos ngajaga cariosannana aya ajen. Lir ibarat rentetan inten nu pinuh ku makna jeng mahal hargana. Manteuna sadar rehna kamuliyaanna sumping tina tiasana ngaraksa diri.

Istri shalihah nyaeta hiji istri anu amis budi. Pikeun anjeuna imut nyaeta sidekah. Ti eta imutna tetep imut anu proporsional. Henteu tiap pameget kuanjeuna dipasihan imut anu ngagelenyu kalayan mesem. Imutna nyaeta imut ibadah katut ikhlas sinareng teu nimbulkeun kana fitnah pikeun anu sanesna. Istri shalihah oge pinter dina gaul. Ku pergaulan eta elmu pangaweruhna bakal teras nabih. Mantena bakal nyandak hikmah ti saban jalmi anu dipendakannana. Caketna sareng Allah teras terasan nyandak kana kasaean sinareng janten tambih kasaeannana pikeun dirina oge pikeun jalmi anu sanes. Manteuna sok ngajaga tina Akhlakna.
Salah sawios cirri yen sayaktosna imana kuat nyaeta kamampuanana ngajaga kana perasaan isin.

Ku ayana rasa isin, sagala cucumariosna sinareng tindak tandukna pisanan dikontrol. Mantena moal ngalakukeun hiji sikep anu nyimpang tina bimbingan Al-quran sinareng sunah. Manteuna sadar yen upami imanna kirang hiji jalmi maka bakal kirang oge rasa isina. Makin kirang rasa isina maka bakal langkung awon akhlakna.

Dina prinsipna, istri shalihah nyaeta istri anu taat ka Allah sinareng ka Rasulna. Rambu-rambu kamuliaan nana sanes tina rupi-rupi aksesoris anu dianggena. Justru mantena pisanan ngajagi kageulisannana supados teu janteun fitnah pikeun jalmi sanes. Kageulisannana dina hiji waktos tiasa janten anugran anu ngagaduhan nilai. Tapi saupami teu hati-hati, kageulisannana tiasa janteun sumber masalah anu bakal ngahesekeun kanu janteun sepuh atanapi carogena.

Dinawaktos kenging dina kakirangan dina fisik anu aya dina dirina, istri shalihah moal ngaraos kuciwa sinareng nyeri hate. Manteuna yakin hiji kakuciwaan nyaeta bagian tina sifat kufur nikmat. Manteuna moal ngaraos minder tina kakirangannana. Pribadina anu endah dugika nganggo naon wae anu di anggona bakal mancarkeun cahaya kamuliaan. Dugika sok sanaos polos teu nganggo makeup saalit oge, kageulisan jiwana bakal tetep katinggal sinareng niiskeun ati sanubari di sabudeureun nana.

Saupami hoyong janteun istri shalihah maka tiasa diajar ti lingkungan urang sinareng jalmi-jalmi anu dipendakan. Candak elmuna ti maranteuna. Oge urang tiasa nyonto ka istri nabi, sapertos aisyah, manteuna kakenal dina kacerdasan sinareng kiat emutannana. Salah sawios istri sapertos anjeuna tiasa di janteunkeun gudang elmu pikeun caroge sinareng murangkalihna.
Anu janteun contona nyaeta siti khadijah, figure istri shalihan anu nengtremkeun batin, pendukung anu satia, sinareng anus ok nguatkeun kana kasumangetan anu janteun carogena dina barjoang dijalan Allah SWT. Manteuna berkorban kalayan harta, kedudukan, sinareng dirina diserahkeun kanggo bajoang dijalan rasulullah. Sakitu kuatna kasalihan khadijah dugika name manteunateh sering pisan disebat-sebar ku rasulaloh. Sok sanaos khadijah parantos pupus.

Tiasa janten istri shalihah tiasa muncul tina katurunan, salah sawios pelajar anu sae akhlak sinareng cucumariosna, tiasa janteun gambaran hiji sepuh anu ngadidik putrana janteun putra anu ngagaduhan akhlak sae. Lumayan sesah dibayangkeun, salah sawios istri anu shalihah jol aya tanpa di awalan kop roses. Di dieu factor turunan memang ngagaduhan peranan. Kitu oge sinareng pola pendidikan, lingkungan katauladanan, sareng seeur paktor anu sanesna. Naon anu katinggal tiasa dijanteunkeun gambaran naon anu teu katinggal, seeur istri anu tiasa sukses.

Tapi teu sadayana tiasa shalihah, shalihah sinareng henteuna hiji istri gumantung kana kataatannana kanu janteun Allah. Rupina moal rugel upami hiji rumaja istri ngajaga sikapna dinawaktos manteuna interaksi sinareng lawan jenis anu sanes mahramna. Maka pilarian rencang jalmi anu bakal nambihan kualitas elmu, amal sinareng ibadah. Aya salah sawios anu ngungkapkeun” saumpami hoyong ninggal hiji kapribadian jalmi maka tinggal rerencangannan di sabudereunnana.

Peran istri shalihah memang ageing dina kulawargi, sinareng nagara. Kanca kantos ngadangu nyaeta disapengkereun pamingpin anu sukses aya hiji istri anu hebat. Saupami aya istri shalihah aya disapengkereun para ikhwan di dunya iyeu, maka sabaraha seeur kasuksesan anu bakal di raih, salami iyeu, istri dijanteunkeun palengkep wungkul, nyaeta mung saukur ngadukung ti pengker, teuaya peran anu memang langkung serius.

Istri nyaeta tihang nagara, mangga bayangkeun, saumpami tihang penopang hiji bangunan eta rapuh, maka eta pasti bangunanteh bakal runtuh tur rata sinareng taneuh. Moal aya nu nyesa kecuali sampah anu nileyna moal sabaraha. Urang kantunh milih naha bade janteun tihang anu kuat atanapi tihang anu rapuh sareng siap runtuh.

Untung pisan pikeun pameget anu ngagaduhan istri anu shalihah, margi manteuna tiasa ngabantos miara akidah sinareng ibadah anu janteun caroge. Rasul dadawuh, sing saha jalmi anu dipasihan istri anu shalihah, sayaktosna mantena parantos dipasihan pitulung pikeun ngengingkeun satengah agamana. Lajeng sakedahna manteuna taqwa ka Allah dina miara satengah anu sanesna (HR. Thabrani sareng Hakim)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar